Kabayan Ngalanglang Jaman (10): Cinta jeung Pangorbanan

- 11 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain REA/

"Hih, nyasat atuh mun aya tempat kosong mah! Euweuh, puguh. Bisi cangcaya mah, engké wé tempo ka ditu," ceuk Profésor Kabayan, bari nunjuk ka kalér, ka lebah mesin waktuna tadi ngagorobas.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (1): Kabayan Jadi Profesor

Teu sidik ti lebah maranéhna cicing mah, da lian ti rada jauh téh, ongkoh kahalangan ku rajegna tatangkalan jeung rungkun anu pating ngarunggunuk kénéh, da sawaréh mah geus pating soléngkrah balukar angin lilimbungan perbawa mesin waktu téa.   

"Aéh, heueuh, naha bet asa diingetan," Sangkuriang nepak tarangna. "Ti tatadi téh kalah hayoh wé ngobrolkeun mesin waktu bari jeung teu nyaho bungkeuleukanana. Lain bawa atuh kaula ka hareupeun bungkeuleukanana, kalah hayoh ngajak baé ngadongéng."

"Aéh, heueuh, nya! Enya, kami gé poho, puguh. Bakating kasima ku kaayaan anu teu biasa. Ongkoh deui andika tiluan téh panasaran hayang baé nanggap kami. Nya, henam atuh ari hayang nempo bungkeuleukanana mah, sakalian bari ninggalkeun ieu tempat. Andika, Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa, henam bisi panasaran jeung cangcaya mah, tempo ka ditu…"

Bring opatanana ngalabring ka kalérkeun, ka lebah urut tadi mesin waktu jeung panumpangna ngagorobas téa.

Maranéhna mapay jalan satapak, Profésor Kabayan di hareup jadi tuduh jalan, di tukangeunana Sangkuriang nuturkeun.

Rada anggang ti maranéhna duaan, pangtukangna pisan, ngiclik Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa.   

Beu, geuning rada jauh ti tempat aing manggihan Sangkuriang jeung badégana ka tempat labuhna mesin waktu téh, gerentes Profésor Kabayan.

Sapaparat jalan nu diliwatan, di ditu-di dieu loba tatangkalan anu raruntuh pating pasoléngkrah, malah aya hiji-dua anu ngahalangan jalan. Rungkun-rungkun gé loba anu deplé, jiga buuk kribo anu depak urut kadedetkeun ku topi.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah