Gempungan di CCL, Ketak Nonoman Ngungkulan Pasualan Lahan jeung Lingkungan

- 4 Maret 2023, 17:30 WIB
Gempungan nguniangkeun ketak nonoman dina ngungkulan pasualan lahan jeung lingkungan, di Komunitas CCL, tukangeun Terminal Ledeng, Kota Bandung, Saptu, 4 Maret 2023.*
Gempungan nguniangkeun ketak nonoman dina ngungkulan pasualan lahan jeung lingkungan, di Komunitas CCL, tukangeun Terminal Ledeng, Kota Bandung, Saptu, 4 Maret 2023.* /Rameli Agam/

GALURA -  Gempungan ketak nonoman ngungkulan pasualan lahan jeung isu lingkungan pikeun nguniangkeun kasadaran geusan ngajaga kalumangsungan kahirupan.

Kalawan dipokalan Wahana Lingkungan Hidup Indonesia (WALHI) Jawa Barat, eta gempungan digelar di Komunitas Celah Celah Langit (CCL), tukangeun Terminal Ledeng, Jalan Setiabudi, Kota Bandung, Saptu, 4 Maret 2023.

Demi panyaturna aya ti Aliansi Bersihkan Indramayu (ALBIN), Agrarian Resource Center (ARC), Lembaga Bantuan Hukum (LBH) Bandung, AP2S1 Jabar, Kelompok Petani Kamojang, tur dihadiran ku rengrengan mahasiswa, aktivis, seniman, katut nu lianna.

 

Baca Juga: Ngomean Lingkungan Ruksak Unggal Lembur kudu Boga Daerah Resapan Cai

Ceuk Eriawan ti ALBIN, pasualan lingkungan lahan di lemburna, Mekarsari, Kac. Patrol, Kab. Indramayu, nyaeta nyanghareupan nyirorotna lahan tatanen, boh sawah boh palawija.

Lain wae lahan mingkin ngaheureutan, tapi ajen hasil tatanen ge nyirorot.

Pangna kitu, alatan di lemburna aya pangwangunan PLTU 1 taun 2010, sarta kiwari baris diwangun PLTU 2.

Baca Juga: Lingkungan Ruksak, Usum Hujan Banjir, Usum Halodo Tigerat ku Cai

"Balukarna, meh ampir 70 persen lahan sawah produktif bet ngahiang. Atuh ayeuna baris diwangun PLTU 2 nu bakal nempatan lahan 270 hektar," pokna.

Ku kituna, manehna saparakanca nolak kana eta pangwangunan PLTU kalawan terus ngagederkeun advokasi jeung sosialisasi, utamana ka generasi ngora malar nolak eta proyek, ihtiar ngajaga lahan titinggal karuhun.

"Alhamdulillah, geus mimiti aya hasilna, investor ti Jepang nu tadina rek ngawangun, antukna ngabolaykeun," ceuk Eriawan.

Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

Anapon ceuk Syafik ti ARC, arah kawijakan pangwangunan di nagara urang ti beh ditu mula meh loba nu ukur keur kapentingan kapitalis, nu mana cirina teh mindeng ngarampas lahan hak rayat.

Sedeng Heri ti LBH Bandung ngeceskeun, salila ieu loba cara nu dilakukeun pikeun ngarampas lahan, salasahijina ku cara nyieun aturan nu saolah-olah sah sacara hukum, tapi ngabaekeun hak-hak rayat dina ngokolakeun lahanna titinggal karuhun.

Tah, ari ceuk Iwang ti WALHI Jawa Barat mah, kaayaan ayeuna mungguh prihatinna. Di satengahing proyek pangwangunan, dijieun kumaha carana sangkan rayat cicing atawa disingsieunan.

Baca Juga: Cibarani di Situs Sejarah Samida Rajadesa Ciamis, Pepeling Karuhun Sunda dina Ngajaga Alam jeung Lingkungan

"Loba aturan nu ngabaekeun rayat, ti mimiti proses nyusun dokumen ijin lingkungan tepi ka disingsieunanana. Kiwari di Jawa Barat baris aya 34 mega proyek.

Di antarana kereta cepat, jalan tol, palabuan, tempat wisata, katut bandara. Eta saeutik gedena bakal jadi potensi ruksakna kalumangsungan ekosistem lingkungan jeung kahirupan rayat," pokna.

Sajeroning kitu, sesepuh Komunitas CCL, Iman Soleh, mertelakeun, ihtiar miara jeung ngajaga kalumangsungan ekosistem lingkungan bisa dilakonan dina wangun kasenian.

"Isu-isu lingkungan bisa dipintonkeun dina wanda kasenian dibarung ajen estetika seni. Moga wae, hususon generasi ngora, sing bisa terus ihtiar miara tur ngajaga lahan lingkungan kahirupan urang," pokna. ***



 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah