Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

- 23 Februari 2023, 09:30 WIB
Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, jeung Gubernur Jawa Barat.  Pamarentah Kabupaten Ciamis keur soson-soson ngaganti ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, prosesna masih panjang.
Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, jeung Gubernur Jawa Barat. Pamarentah Kabupaten Ciamis keur soson-soson ngaganti ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, prosesna masih panjang. /Humas Pemkab Ciamis/

Lian ti eta aya aspirasi ti masartakat. Lebah dieu pamarentah desa sa-Kabupaten Ciamis geus masrahkeun aspirasi masarakat nu mikahayang ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh.

Pamarentah Kabupaten Ciamis kudu menta kasaluyuan ti DPRD Kabupaten Ciamis. Geus satuju diajukeun ka tingkat Provinsi Jawa Barat. Provinsi nyaluyuan diajukeun ka pamarentah pusat, ka Kemendagri.

Geus tepi ka Kemendagri mah tinggal ngadagoan kaputusan naha disaluyuan atawa henteu. Mun disaluyuan tinggal dilaksanakeun: ngaganti lambang, ngaganti kop surat, plang ngaran ti mimiti tingkat kabupaten tepi ka tingkat desa jeung kalurahan.

Patalekanana: Naha sanggup henteu urang Ciamis, kaasup pamarentah Kabupaten Ciamis, ti mimiti bupati, wakil bupati, asda, kepala dinas, camat, kepala desa, ketua RW, ketua RT, ngawujudkeun jeung ngajalankeun ajen filosofis Galuh?***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah