Teologi Proses Whitehead: Antara Iman jeung Rasio

- 16 Februari 2023, 09:51 WIB
/

Konsepsi Whitehead dina Kapangeranan sapertina loba meunang ilham tina dialog Plato, Timaeus. Dina dialog eta, unsur Kapangeranan di dunya dianggap ngabogaan prinsip “sauyunan”, anu bisa ngarobah kakacowan (chaos) ngajadi kasalarasan (cosmos).

Pangeran bisa oge dianggap salaku daya imanen anu sipatna persuasif dina proses tumuwuhna kreativitas. Lain hiji kakuatan transenden anu sipatna maksa (coersive).

Di bagean sejen dina bukuna, “Adventure of Ideas” (1967: 227), Whitehead nandeskeun yen, “We must concieve the Devine Eros as the active entertainment of all ideas, with the urge of their finite realization, each in its due season”.

(Urang kudu mimaham Cinta Pengeran salaku pamikiran aktif sakabeh gagasangagasan ku dorongan wujudna, masing-masing dina waktuna anu tepat).

Dina dimensi primordial, Pangeran geus mere acuan pangarahan umum keur proses ngawujudkeun diri (selfcreative act), satiap “satuan aktual”. Keur Whitehead satiap satuan aktual teh mangrupakeun “self-creating
creatur”.

Ku sabab kitu, ajaran anu ku Whitehead diajukeun teh disebut ajaran filsafat proses. Filsafat ieu ngandung kayakinan yen sakabeh barang, tatanen, ingon-ingon, manusa, malahan Pangeran sorangan, atawa singgetna mah sagala hal kanyataan nu aya di dunya, terus tumuwuh sacara dinamis.

Terus aya dina proses “ngajadi” (becoming). Kanyataan teu bisa dipandang salaku mesin, tapi salaku organismeu anu salawasna hirup. Kitu pamadegan Whitehead ngeunaan Pangeran jeung agama dina pamanggihna nu dianggap hebat tur modern ku para ahli pikir lianna, nu disebut “filsafat proses”.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Dr. J. Sudarminta (1994: 113) netelakeun pamadeganana ngeunaan hal ieu. Sabab, konsepsi ngeunaan Pangeran teu bisa ditarima ku urang salaku umat Islam. Whitehead, misilna bae nolak gagasan tradisional ngeunaan Pangeran salaku Pencipta nu Maha Sampurna, tur nu Maha Kawasa, sarta “Nu Aya” sabregna sagala hal nu lian, dijadikeun.

Pangeran, dina pamanggihna, aya babarengan jeung alam, tur salawasna ngorelasi jeung alam. Whitehead nolak konsep “Ciciptaan” salaku “creatio ex nihilo”, atawa konsep Pangeran salaku Al-Khalik, nu ngabogaan kahayang bebas merdika keur nyiptakeun sagala hal dina “ketiadaan”.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah