Bewara DS, Layanan Internet Publik Gratis sakabupaten Bandung

22 Mei 2024, 19:49 WIB
Kabupaten Bandung nyadiakeun internet gratis di desa-desa ku program Bewara DS. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pemkab Bandung, lebah dieu Diskominfo Kabupaten Bandung ngapungkeun Bedas WiFi Sarerea Digital Service (Bewara DS) atawa layanan Internet Publik Gratis nu geus dipasang di 270 desa jeung 10 kelurahan di Kabupaten Bandung.

Diapungkeunana Bewara DS dilakukeun langsung ku Bupati Bandung, Dadang Supriatna, dibarengan  Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha, Camat Soreang, tur diluuhan ratusan warga di RW 06 Desa Soreang, Kecamatan Soreang, Rebo, 22 Mei 2024.

Bupati Bandung nètèlakeun, program Bewara DS  teh hiji inisiatif luar biasa ti Diskominfo Kabupaten Bandung dina nyadiakeun layanan internet publik gratis pikeun masarakat di 270 desa jeung 10 kelurahan di Kabupaten Bandung.

Program Bewara DS, ceuk Bupati, jadi bongbolongan nu kacida dianti-anti ku masarakat Kabupaten Bandung, utamana pikeun nu ngarandapan kawatesanan akses internet, saperti di desa-desa nu nyingkur.  Di antarana di Desa Rancabali, Kertasari katut wewengkon sèjènna.

"Bewara DS  kalintang diperyogikeun ku masarakat, utamina kanggo nunjang diajar marulangkalih. Ieu ogè salah sawios tarièkah urang kanggo ngabagèakeun Indonesia Emas 2045," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna nyebutkeun Bewara DS tèh layanan WIFi gratis nu dipasang di saban desa jeung kelurahan utamana ditempatkeun di area publik saperti taman, kantor, posyandu, pasar, jeung area publik sèjènna nu gampang diakses masarakat.

Ku leuwih gampangna internet diakses, dipiharep bakal ngarojong tumuwuhna paekonomian, atikan, ngaronjatna SDM di saban desa.

"Mung, internet gratis kedah dimangpaatkeun sacara positip. Mugia digunakeun kanggo diajar ngakses informasi, masalah positif sanèsna. Mugia  janten amal jariyah nu teras ngocor pahalana. Mugia mangpaat sareng janten barokah kanggo sadayana," ceuk Dadang Supriatna.

Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha, nambahkeun Bewara DS teh komitmen Pemkab Bandung pikeun nyadiakeun internet WiFi gratis nu bisa digunakeun ku sakum masarakat kalawan teu ngagunakeun password.

"Ku diluncurkeunana program Bewara DS  dipiharep tiasa masihan akses internet nu langkung lega sareng walatra ka sakumna lapisan masarakat di Kabupaten Bandung," ceuk Yosep.

Yosep nyebutkeun program Bewara DS ogè bisa diartikeun Bedas WiFi Sarerea Dadang Supriatna (Bewara DS).

Inyana nganuhunkeun ka Bupati Bandung nu geus ngaluarkeun kawijakan nyadiakeun layanan internet gratis pikeun masarakat Kabupaten Bandung.

Yosep nyebutkeun pamasangan infrastruktur internet  100 MBpS jadi  bisa diakses boh ku ponsel boh laptop.

Yosep nganuhunkeun ka sakabèh pihak. Kolaborasi nu hadè sakum pihak minangka konci hasilna program Bewara DS mèrè mangpaat hedè pikeun masyarakat Kabupaten Bandung.

Camat Rancabali, Kankan Taufik minangka salasahiji panarima mangpaat Bewara DS ngaku kacida bungah tur nganuhunkeun ka Bupati Dadang Supriatna. Ceuk Taufik, internet gratis  kacida karas mangpaatna ku masarakat. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler