Jurus Panwascam Ciniru Dina Nyanghareupan Pemilu

3 Desember 2023, 07:52 WIB
Rengrengan Panwascam Kecamatan Ciniru, Kabupaten Kuningan /Ajun Mahrudin/

GALURA-Pemilu 2024 kiwari geus nincak tahapan kampanyeu, ti mimiti 28 November 2023 nepika 10 Pebruari 2024.

Dina pangawasan kampanyeu Pemilu 2024, tangtu henteu leupas tina paniten panitia pengawas kecamatan (panwascam).


Panwascam miboga kawenangan pikeun nindak saupama aya peserta pemilu anu ngarempak katangtuan Atawa paraturan anu lumaku, hususna dina mangsa lumangsungna kampanyeu.

Baca Juga: 10 Warga Desa Tugumulya Kuningan Karacunan, Saurang Tilar Dunya, Biangna Diduga Tina Supa

Dina mangsana kampanyeu sok rea kacaritakeun anu ngarempak palanggeran, salasahijina “politik uang”.

 Patali eta hal Panwascam Ciniru, ti beh ditu mula nepika ayeuna, ngalakonsn tarekah sangkan peserta pemilu tuhu kana aturan.

“Samemeh ngayakeun tindakan, tangtos tarekah nyinglar kanggo ngirangan peserta pemilu ngarempak aturan,” ceuk Ketua Panwascam Ciniru, Ade Wahyudi.

Baca Juga: 48 Pasangan “Panganten” di Kuningan Kakara Nampa Buku Nikah, LKKS Kuningan Mokalan Itsbat Nikah Massal

Harita, Ade dibaturan ku dua urang anggota nyaeta Serly Serlyanti jeung Indra Anggakusuma. Sajaba eta, Kepala sekretariat Panwascam Ciniru, Iman Akomayudin jeung anggota Didi Rosadi.


Dina ngalakonan pangawasan kampanyeu, ceuk Ade, pihakna geus nepikeun ka parpol peserta pemilu hususna dina sual pamasangan alat peraga sosialisasi jeung hal nu aya patalina reujeung netralis Aparatur Sipil Negara (ASN).

Samalah geus ngayakeun 28 kali nindak palanggeran nu ngait kana sual administrasi APS/APK anu patukang tonggong reujeung Perda No, 5 Taun 2018 Jeung PKPU No 15 Taun 2023.

Baca Juga: Job Fair di SMK Pertiwi Kuningan, Nepungkeun Calon Pagawe Jeung Pangusaha

Ade nyebutkeun, ti mimiti tahapan pemilu nepika nincak tahapan kampanyeu, pihakna geus ngalakonan komunikasi jeung koordiansi reujeung pihak Muspika Kecamatan Ciniru, pemerintahan desa jeung pihak sejenna deui.

Kituna teh, ceuk Ade, teu semet dina sual anu aya patalina reujeung kampanyeu. Tapi dina hal sejenna, kawas dina pemutahiran data, pemetaan rawan konflik jeung sajabana, kaasup nyinglar “politik uang”.

“Alhamdulillah, dugika danget ieu sim kuring sarengrengan parantos ngalakonan komunikasi sareng koordinasi  pihak-pihak anu raket patalina Pemilu 2024.

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler