Prof.Dr.Ir.Yudi Garnida: Pangwangunan Sektor Tatanen di Nagara Urang Nyugenmakeun

8 November 2023, 11:55 WIB
Prof. Dr. Ir. Yudi Garnida, M.S., pangwangunan di sektor pertanian, di nagara urang salila ieu hasilna kawilang nyugemakeun. /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sanggeus dikukuhkeun jadi Guru Besar Bidang Ilmu Teknologi Pangan, Saptu (21/10/2023) di Aula Mandalasaba, Kampus II  Universitas Pasundan Bandung, Prof. Dr. Ir. Yudi Garnida, M.S., nembrakeun pamikiranna ka Galura. Inyana nyebutkeun pangwangunan di sektor pertanian, di nagara urang salila ieu hasilna kawilang nyugemakeun.

Pangwangunan pertanian, hususna di widang swasembada beas, mampu ngahudang kareueus di dunya internasional. “Indonesia nu samemehna nagara importir beas, taun 1984 mampu jadi nagara swasembada beas,” pokna.

Munasabah, Lembaga riset padi dunia Internasional Rice Reseach Institute (IRRI), kungsi mere pangajen ka pamarentah Indonesia, kulantaran suksesna Indonesia ngahontal Swasembada Beras taun 2019-2021.

Tangtuna, masarakat jeung pamarentah Indonesia kudu tetep waspada. Swasembada beas, ceuk ieu Wakil Rektor II Unpas, henteu rengse pedah meunang pangajen. “Nu leuwi penting, kumaha carana, swasembada beas jadi tradisi nu maneuh,” pokna. Loba tantangan sangkan swasembada beas tetep nanjeur.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Guludug, Geus Ditewak ku Ageng Selo

Lian ti perluna aya komitmen kana sektor pertanian, cek Yudi, pamarentah ge dipalar mampu ngungkulan isu-isu strategis ngeunaan swasembada beas. Pamarentah, ceuk Yudi Garnida, kudu mampu ngajaga produksi hasil tani, hususna beas, teu nyirorot.

Indonesia kudu mampu ngungkulan datangna iklim ekstrem, upamana halodo panjang. Cindekna mah, bangsa urang kudu mampu ngajaga sangkan produksi jeung produktifitas hasil pare tetep ngaronjat.

Kiwari, aya dua masalah nu daria patali jeung lahan pertanian. Nu kahiji, patali jeung kawijakan nu katiten sakama-kama, alih fungsi lahan ti lahan pertanian produktif ka non pertanian. Nu kadua, mingkin masifna alih kepemilikan lahan pertanian ti patani ka non patani. Masalah ieu jelas nembrak, ngancam pasokan pangan ka masarakat.

Alih fungsi lahan nu teu diwatesan, ngabalukarkeun jumlah lahan pertanian produktif mingkin nyirorot,  sedengkeun alih kepemilikan lahan ti patani ka nonpetani, bakal nyangsarakeun kahirupan patani. 

“Soal alih fungsi lahan geus lumangsung ti baheula. Jumlah penduduk nu mingkin undak, meredih tempat anyar keur nganjrek nu merenah. Atuh, para pengembang paimahan leuwih resep neangan lahan pertanian pangan,” ceuk Yudi nu geus ngarengsekeun 11 Publikasi Jurnal Internasional jeung 11 Publikasi Jurnal Nasional.   Cohagna mah, pangwangunan paimahan di lahan pertanian nu sakama-kama ngabalukarkeun nyirorotna hasil pertanian.

Ngungkulan nyirorotna produksi beas atawa swasembada beas,   geus waktuna masarakat mikawanoh jeung pindah ngadahar kadaharan tradisional. Ganyong, kadaharan tina hasil beubeutian, samodel jagong, hui, sampeu, cau, kentang, jeung sorgum.

“Eta kadaharan tradisional teh payus mun dijadikeun kadaharan ngaganti beas. Kandungan karbohidratna kawilang loba,” pokna. Ganyong teh kadaharan nu loba kandungan karbohidratna, beunghar ku protein, vitamin C, vitamin B1, kalsoim jeung zat besi.

Wanti-wanti datangna krisis pangan, cek Yudi, sangkan masarakat mikalandep ngadahar ganyong, merlukeun waktu, sabab beda rasana mun dibandingkeun jeung ngadahar beas. “Sangkan kalandep ngadahar ganyong, perlu dicampurkeun jeung kadaharan tina beubeutian nu sejen,” pokna*** Cecep Ks 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler