Anggaran SKTM Teu Puguh, Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Bandung: Komunikasi Antar OPD Teu Hade

17 Januari 2023, 09:39 WIB
Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Bandung, Maulana Fahmi . /

GALURA -Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Bandung, Maulana Fahmi nganggap, loba komunikasi papada Organisasi Perangkat Daerah (OPD) di eksekutif teu alus.

Inyana nyontokeun, anggaran SKTM nu disebut ku OPD robah-robah.

"Anggaran keur SKTM disebutkeun Rp5,5 milyar direvisi jadi Rp 6miliar. Nu kadua kaluar angka Rp 6,5 miliar direvisi deui Rp8,3 miliar, " ceuk Maulana Fahmi satutas rapat di rohang Komisi D DPRD di Soreang, Senen (16/1/23).

Ieu anggota DPRD ti Fraksi PKS ngaklarifikasi, anggaran Rp8,3 m téh lain anggaran nu diteundeun di rumah sakit, atawa Dinkes.

Baca Juga: Rembug Bedas di Kecamatan Margahayu Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Dua Desa

"Disimpenna di BKAD. Teu mungkin upamana SKTM, atawa Bantaun Tidak Terduga (BTT) disimpen di rumah sakit. Teu kitu, " pokna nandeskeun.

Fahmi ngajelaskeun, rapat nu dilaksanakeun poé Senen minangka rapat nu kadua. rapat nu kahiji dilaksanakan tanggal 9 Januari 2023 . Ngan hanjakal cenah, Kepala Dinas Kesehatan teu hadir dina rapat kadua.

Padahal, ceuk Fahmi rapat kadua minangka paménta naon nu diperedih dina rapat kahiji.

"Dina rapat kahiji sim kuring nepikeun pameredih, sabab ngadéngé béja SKTM dieureunkeun, rekomendasi Komisi D sangkan SKTM dihirupkeun deui. Alhamdulillah Jum'ah, 13 Januari 2023 jam 10 WIB SKTM dihirupkeun, " pokna.

Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

Ceuk Fahmi kénéh, dina rapat kadua can ngahasilkeun informasi nu nyugemakeun. "Nya, ku sabab kaayan tanggal 9 jeung poé ieu nu dipénta karék kacimponan ngeunaan SKTM nu dihirupkeun deui. Nu séjénna acan, " pokna.

Fahmi nyebutkan, pihakna teu ngaluarkeun statemen SKTM dipupus. "Satemenna Komisi D téh lain mupus SKTM. Moal mungkin urang mumupus anggaran nu geus disahkeun ku APBD,” pona.

SKTM téh kawijkan ti Dinas cenah pangna dieureunkeun teh. “Sabab kitu simkuring ménta SKTM dihieupkeun deui. Alhamdulillah tanggal 13 Januari 2023 SKTM dihirupkeun, " pokna.

Éta cenah Kabupaten Bandung geus leuwih ti 96 persen nyumponan program Universal Heath Coverage (UHC) tepi ka SKTM bisa dieureunkeun. Fahmi ngaku yén regulasinya memang kitu.

Baca Juga: Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

"Undang-undang memang nyebutkeun kitu, ngan kanyataan kaayaan ayeuna mangsa transisi, UHC geus 96 sekian persen,” pokna.

Tapi di sisi séjén, sapopoéna program wajibna can bisa dilaksanakeun, lantran konsolidasi, sinkronisasi data, cara SOP UHC can siap.

“Mangkana salila ieu can disayagikeun, turta salila UHC can dilaksanakeun, SKTM ulah dieureunkeun," ceuk Fahmi.

Tanggal 9 Januari 2023 Fahmi ménta eksekutif nu aya patalina nyiapkeun sinkronisasi, jeung konsolidasi data, kumaha konsep UHC sagancangna laju.

"Tepi ka tadi isuk-isuk simkuring nanya, kumaha kaayaan nu dipénta téh? Jawabanana acan. Lamun acan hartin benar SKTM téh kudu tetep hirup sanggeus kana 2 mingguan dieureunkeun, " ceuk Fahmi.

Fahmi nyebutkeun bupati henteu ngaleungitkeun SKTM. "Memang enya teu mungkin dipupus lantaran anggaran gedé, ngan dieureunkeun, tapi anggaran tetep aya, " ceuk Fahmi.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler