Putri Anjungsari (18)

- 5 Februari 2023, 05:30 WIB
/

AREK ka Medang Kahiang,” témbal Olot Kaya.

“Jauh temen. Lembur dia? Atawa arék nganjang?”

“Nyiar luang jeung pangalaman. Ngasuh nu ngarora,” ceuk Olot Kaya bari ngarérét ka nu nanya. “Ari dia rék ka marana?”

“Kami mah keur ngalalana. Sarua keur néangan luang jeung pangalaman.”

“Geus sabaraha lila?” ceuk Olot Kaya nanya deui, sangkan itu teu kateterusan tetelepék.

“Kateuing teu ngitung. Nuturkeun kereteg haté waé. Mun hayang balik karék balik,”

“Geus beubeunangan salila ngalalana?”

Ditanya kitu lalaki nu duaan tingraringeuh.

“Eta mah pangalaman batin teu hadé dicaritakeun,” témbal nu ditotopong warna bodas.

Keur kitu, ti beulah ka kidul, kadéngé sora talapok kuda nu ditegarkeun. Olot Kaya, Béna, Rait, Ranah, jeung Putri Anjungsari curinghak. Kitu deui lalaki nu duaan ngan siga ujug-ujug sepa. Méh bareng ngalieuk ka beulah kidul.

Pucenghis kuda nu dilumpatkeun tarik pisan, nu tumpakna mani ngadepong.  Sanggeus deukeut ka warung, kuda lumpatna ngalaunan. Hareupeun warung nu tumpakna turun, terus nungtun kudana ka tempatna. Teu lila asup ka warung bangun rurusuhan.

“Tadi manggih kareuwas,” ceuk éta lalaki nu umurna karék dua puluh taunan téh ka tukang warung.

“Manggih naeun?” tukang warung nanya, leungeunna nyodorkeun bekong.

“Ké heula. Masih kénéh reuwas kareureuhnakeun,” témbal éta lalaki bari nyurulukeun cai kendi kana bekong. Gék diuk, leguk nginum mani ngalekik.

Nempo nu anyar datang jeung tukang warung bangun nu geus loma, Olot Kaya, Putri Anjungsari, Béna, Rait jeung Ranah rada ngemplong. Lalaki anu duaan paromanana henteu sepa deui. 

Putri Anjungsari, Béna, Rait jeung Ranah neruskeun hanca daharna bari ngadagoan nu rék dicaritakeun ku lalaki nu anyar datang. Panasaraneun, éta waé ngalumpatkeun kudana satarikna, siga nu diudag bagong bayangan.

“Tadi panggih jeung jalma nu keur nangtung huleng jentul di sisi jalan….”

“Jalmana nyoréndang bedog pondok, teu make totopong?” ceuk tukang warung.

“Enya, éta.”

“Tadi isuk-isuk asana ngaliwat, leumpangna siga malaweung, remen tungkul nempo tincakeun,” ceuk tukang warung deui.

Putri Anjungsari, Olot Kaya, Rait, jeung Béna silihrérét. Lalaki nu duaan mah mencrong ka nu anyar datang jeung ka tukang warung.

“Kami turun tina kuda. Nyampeurkeun eta lalaki. Ku kami ditanya. Teu némbal. Ditanya deui angger teu némbal. Bisi kurang déngé, nanya téh ditarikeun, satengah nyorowok. Manéhna ngarénjag bangun reuwaseun, neuteup ka kami…..”

“Laju?” ceuk tukang warung.

“Inyana nanya jalan nu ka Pakuan Pajajaran.”

Putri Anjungsari, Olot Kaya, Béna, Rait, tarungkul. Lalaki nu duaan ngarongkong kendi nu eusina wedang legen.

“Ceuk kami téh, tuluy waé mapay ieu jalan…. Tapi manéhna ujug-ujug ambek jeung nyarékan lak-lak dasar, pajah kami ngaléjokeun. Malah terus ngalugas bedogna….”

“Tuluy…?”

“Bedogna diamang-amang ka kami. Kami mundur, manéhna nyampeurkeun bari angger ngamang-ngamang bedog. Nya kami mancal deui kana kuda, terus negarkeun kuda, rumasa teu bisa gelut. Tapi teu ngudag, waktu dilieuk, manéhna katempo mubus ka rungkun saliara, beulah katuhu jalan.”

Lalaki nu duaan, duka pedah naon, ngarérét ka Olot Kaya.

“Na atuh dia ngalumpatkeun kuda ari ituna teu ngudag mah?” ceuk tukang warung deui.

“Sieun nyokot kudana atawa ngabéjaan baladna. Ari geus di dieu mah manéhna ngudag ogé kami bakal loba nu ngabantuan….”

“Kira-kirana éta jalma waras teu?” ceuk lalaki nu maké totopong hideung.

“Ari ditempo tina bajuna jeung tina beungeutna mah waras. Ngan sorot matana siga anu keur linglung.”

Lalaki nu ditotopong bodas katempo seuri ngan gancang ditungkup ku dampal leungeunna.

“Ari dia tas ti mana?” pokna nanya ka nu anyar datang.

“Ti huma, adi kami,” ceuk tukang warung nu awéwé mangnémbalankeun. “Unggal mah sok ngéndong di ditu, sigana béakkeun uyah.”

Anu anyar datang seuri.

“Muga waé teu ngudag, eukeur mah di dieu keur rada bangreung,” ceuk tukang warung deui.

“Bangreug kumaha kitu,” Olot Kaya nanya.

“Ngadadak loba sémah nu aadatanana jeung omonganana béda jeung urang dieu. Najan sémah téh katempona mah balageur, angger waé hariwang. Tua kampung ogé meupeujeuhan sangkan caringcing pageuh kancing.”

“Loba sémah atuh warung haneuteun,” ceuk Olot Kaya bari seuri.

“Lamun nyarimpang ka dieu….. Lolobana mah ukur ngarérét. Siga nu arembungeun ngawadang jeung nginum di dieu,” témbal tukang warung.

“Marengan tacan lapar atawa tacan hanaang ngaliwat ka dieuna,” ceuk Olot Kaya ditungtungan ku seuri.

“Marekel meureun,” ceuk nu anyar datang.

“Bisa jadi kitu,” ceuk Olot Kaya. Laju inyana tina kampil nu diselapkeun dina calanana ngaluarkeun  sababaraha hiji pérak nu bentukna buleud gépéng. Diasongkeun ka tukang warung, keur mayar kadaharan jeung keur mayar parab kuda.

Ku tukang warung diilikan, terus ngitung kadaharan nu masih kénéh nyésa, biwirna katempona kunyam-kunyem. Pérak nu baruleud jeung harérang téh dibilang, tilu siki dibikeun deui ka Olot Kaya.

“Loba teuing,” ceuk tukang warung.

Ku Olot Kaya ditampanan. Geus kitu amitan rék neruskeun lalampahanana, bisi kapeutingan di jalan cenah.

“Ki Silah, kuda nu ditumpakan ku arandina katempona haradé, kumaha mun ku kami dibeuli limaanana?” ceuk lalaki nu diiket bodas waktu Olot Kaya cengkat tina diukna.

Olot Kaya ngalieuk jeung terus mencrong ka éta lalaki.  “Ari kami tumpak naeun?” pokna.

“Leumpang waé.”

“Leumpang mah iraha tepina ka Medang Kahiang,” témbal Olot Kaya bari rada nyeuneu.

Haténa mah mentegeg, kuda nu dipakéna ditawar rék dibeli sarta dirina dititah leumpang. Lalakon ka Kawali tacan satengah-satengahna acan, masih kénéh tacan pati jauh ti Pakuan Pajajaran.

Putri Anjungsari nyampeurkeun.

“Pihargaeunana sakumaha?” pokna.

Olot Kaya colohok. Béna, Rait, jeung Ranah ogé témbong haréneun ngadéngé Putri Anjusari nyarita kitu. 

“Jadi rék dijual, nyah?” ceuk nu diiket bodas.

“Ari kaharti mah.”

“Tapi pan ceuk Olot ogé bieu, mun leumpang mah moal téréh tepi ka Medang Kahiang.”

“Enya, mun leumpang….”

“Tumpak naeun, pan teu boga kuda?”

“Eta mah urusan kami. Anu penting téréh tepi ka nu dijugjug.”

Lalaki nu duaan ngahuleng.

“Ké, heula,” ceuk Olot Kaya, “Ari dia nawar kuda kami, rék dibeuli tujuanana naeun?”

“Nya pédah kataji ku kuda nu ditumpakan ku arandika.”

“Tapi kuda kami mah kuda biasa….”

“Ceuk dia kuda biasa, tapi ari ceuk kami mah béda deui.”

“Perlu kuda mah néangan waé di dieu. Tanyakeun ka tukang warung geura.”

“Enya. Keun ku kami dianteur ka tukang kuda,” ceuk tukang warung némbrong.

“Tapi ari kuda nu kawas nu ditumpakan ku arandina moal aya dua,” ceuk nu ditotopong hideung teu maliré kana omongan tukang warung.

Putri Anjungsari rék saengaban-engaban nyarita, ngan kaburu ditoél ku Ranah, bari dédéhéman sababaraha kali. Putri Anjungsari sadar ulah némbongkeun saha dirina di hareupeun jalma nu teu wawuh.

Putri Anjungsari kaluar ti warung dituturkeun ku Ranah jeung Rait. Béna mah angger diuk bari tetep taki-taki. Di pakarangan warung Rait dongko nyokot batu koral leutik sababaraha siki, dikeupeul, di luhureun indung leungeunna numpang batu koral hiji, ditutupan ku curukna.

“Kuda kami moal dijual,” ceuk Olot Kaya tandes.

“Kajeun ari moal dijual mah. Kami moal maksa,” ceuk nu maké totopong bodas.

“Kula amit,” ceuk Olot Kaya.

Bari haténa masih medenghel kénéh,  Olot Kaya kaluar ti warung dituturkeun ku Béna. Ditarempokeun ku lalaki nu duaan, ku tukang warung jeung ku adina.

Bareng jeung Putri Anjungsari, Ranah, katut Rait, Olot Kaya jeung Bena muru ka tempat neundeun kuda. Tali elés jeung sadel diterapkeun deui.

Sapatu kudana ogé dipariksa, bisi pakuna aya nu lésot jeung bisi geus ipis, geus kudu diganti, meungpeung tacan miang. Awak kudana ogé diilikan bari diusapan, bisi aya nu tatu atawa raheut.

“Teu pupuguh lalaki tadi rék meuli kuda urang. Teu kaharti…,” ceuk Rait ka Olot Kaya bari ngabebener sadel kuda  nu rék ditumpakan ku Putri Anjungsari.

“Puguh kami ogé teu ngarti,” témbal Olot Kaya bari ngalieuk ka Putri Anjungsari.

“Tadina mah rék diempékan sina dibeuli, ngan Olot ulaheun, maksa rék dibikeun teu hadé pabéntar di hareupeun jalma nu teu wawuh,” ceuk Putri Anjungsari bari seuri.

“Keur naeun ladangna, bekel loba kénéh, moal béak tepi ka nu dijugjug oge. Ongkoh sangeuk kudu leumpang mah, lalampahan jauh kénéh,” témbal Olot Kaya.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x