Putri Anjungsari (28), Kuda geus Lalempo, Lalampahan Jauh Keneh, Aya nu Mere Tanda ku Haseup

15 Februari 2023, 05:30 WIB
/

KUDA beuki lila lumpatna beuki ngendoran, najan elesna dikenyed-kenyed jeung beuheungna ditepakan oge. Kawasna téh geus laleuseuhan, kudu ditincakan jeung kudu diurut heula sarta kudu sina reureuh sapeuting mah.

Anu rada jag-jag kénéh mah kuda nu ditumpakan ku Putri Anjungsari jeung Ranah. Putri Anjungsari jeung Ranah pangawakanana jangkung leutik, kudana hampangeun.

Putri Anjungsari tacan nitah sangkan eureun heula. Kawantu nu diliwatanana pileuweungan jeung pihumaeun. Kahayangna mah eureunna téh di pilemburan sarta aya nu bisaeun ngurus kuda.

Malah mun bisa mah kudana ditukeuran ku nu leuwih jagjag jeung bedas. Lalampahan ka Kawali masih kénéh jauh, tacan satengah-satengahna acan.

“Lot, dia nyaho kira-kira iraha urang tepi padusunan deui,” ceuk Putri Anjungsari ka Olot Kaya, bari angger panonna manco ka hareup.

“Kami teu apal, tacan kungsi ngalanto ka lebah dieu,” témbal Olot Kaya.

“Wanci geus rék burit. Ongkoh kuda geus leuseuheun pisan...,” ceuk Putri Anjungsari bari ngenyed elés kudana sina eureun.

Nempo Putri Anjungsari ngeureunkeun kudana, nu opatan ogé milu ngeureunkeun kudana séwang-séwangan. Rait ngilikan tatangkalan nu rajeg sisi jalan, laju turun tina kudana, sarta nyampeurkeun tangkal ngageleceng pangluhurna.

Luncat kana dahan panghandapna. Terekel naék, gancang pisan jeung siga nu hampangeun pisan. Sakeudeung ogé geus tepi kana dahan nu pangluhurna.

Rait nempo ka beulah kalér, ka lebah wewengkon nu rék diliwatan. Panonna teu sirikna dibolototkeun, néangan lebah-lebahna lembur.

Ngan anu katempo téh ukur runggunukna pasir nu parental pinuh ku tatangkalan nu katempo héjo paul, sarta beulah dituna patepung jeung langit nu warnana semu biru.

Sama sakali teu kaciri suhunan imah, taya tanda-tanda aya lembur nu deukeut ti dinya.

Waktu rék turun, Rait nempo lapat-lapat haseup ngelun di beulah kalér. Sanggeus disidik-sidik, jeung nyiraan tempatna, Rait tuturubun turun, tacan tepi ka dahan nu panghandapna ogé geus ngagajleng turun.

Awakna siga nu ngalayang bangun nu hampang, siga bajing nu nu ngagajleng ka handap. Rait laju nyampeurkeun Olot Kaya nu teu jauh ti Putri Anjungsari.

“Beulah kalér katempo haseup ngelun,” ceuk Rait ka Olot Kaya.

“Jauh ti dieu?” Putri Anjungsari nanya.

Rait tanggah ka langit. “Mun kudana ditegarkeun mah wanci tunggang gunung kawasna tepi,” pokna.

“Tapi kuda moal bisa ditegarkeun,” Olot Kaya mairan.

“Paksakeun waé ambeh gancang tepi ka ditu,” ceuk Putri Anjungsari bari ngenyed kudana sina leumpang deui.

*

JALAN nu disorang ayeuna mah mudun, jeung jalanna teu pati rubak, sakapeung mah heureut, malibir sisi pasir jeung gawir nu nangtawing, malah mah kudu ngaliwatan biwir jungkrang.

Nu limaan ngadalian kudana ati-ati pisan, kawantu kudana geus méh lempo. Kungsi kuda nu ditumpakan ku Béna mugen embungeun leumpang, sungutna ngabudah.

Lebah sisi jalan nu rada ampah, saréréa ngarandeg heula. Rait naék deui kana tangkal di lebah dinya pangluhurna. Nyidik-nyidik ciri tempat ngelunna haseup durukan. Tapi weléh teu katimu.

Basa geus méh béak panghareupan, katempo deui haseup ngelun ti lebah kulon, ayeuna mah deukeut, ngan tacan katempo paimahan, lantaran patempatanana kekep ku tatangkalan jeung langit geus mimi meredong.

Ku Rait dibéjakeun nempo haseup ti beulah kulon. Saréréa neruskeun deui lalampahan. Angger mapay jalan nu ka beulah dituna rada ngarubakan.

Teu sabaraha lilana manggih pertélon, jalan nu hiji terus ka kalér, jalan heureut, nu hiji deui ka kulon, ieu mah jalanna rada rubak. Ku lantaran haseupna beulah kulon, Putri Anjungsari mutuskeun sangkan méngkol ka jalan nu kakulonkeun.

Wanci liwat tunggang gunung, anjog ka pilemburan nu paimahanana masih cul-cel, tacan pati gegek. Di hiji pakarangan imah nu nu rada jolok ti jalan, katempo durukan nu geus méh pareum.

Putri Anjungsari muru ka éta imah dituturkeun ku nu opatan. Barang tepi ka pakarangan, kurunyung aya nu nyampeurkeun, lalaki saumuran jeung Olot Kaya.

“Sampurasun,” ceuk Olot Kaya bari rengkuh, jrut turun tina kudana.

“Rampés,” témbal éta lalaki, soméah pisan.

Putri Anjungsari, Béna, Rait jeung Ranah tarurun tina kudana.

“Seja ka marana arandika téh?” ceuk lalaki bieu.

“Kami ti kulon, arék ka kalér. Tadina mah rék neruskeun lalampahan, ngan ieu kuda geus rék mopo. Nempo siga aya lembur, nya kami nyimpang. Sugan waé aya nu bisaeun ngurus kuda,” ceuk Olot Kaya.

Pribumi mencrong ka Olot Kaya, terus ngarérét ka Putri Anjungsari, Ranah, Bena jeung ka Rait.

“Kebenaran, di dieu aya nu bisaeun ngurus kuda,” pokna.

“Di mana padumukna?” ceuk Olot Kaya.

“Teu jauh. Keun ku kula dianteur. Nam, unggah heula ka tepas. Arandika kajeueungna geus kawas kuda, geus lalémpo,” ceuk Pribumi.

Olot Kaya ngalieuk ka Putri Anjungsari. Anu dilieuk unggeuk, tanda nyatujuan nurut kana pangangken pribumi.

Limaan nuturkeun pribumi, unggah ka tepas nu teu béda jeung tepas imah Hasan, ngan euweuh kamaran. Gék dariuk. Pribumi ngojéngkang ka jero imah.

Teu lila geus ngurunyung bari mawa opieun, mawa poci taneuh nu katempo caina ngebul kénéh jeung lalawuhna, dituturkeun ku budak satepak nu mawa cangkir batok kalapa, lima siki, jeung mawa gula kawung.

Téko ditunda di hareupeun nu limaan. Kitu deui cangkir. Ku pribumi cangkirna téh dieusian hiji-hiji, disodorkeun ka hareupeun Putri Anjungsari, Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah, sacangkir séwang.

Béna ngadadak pias, lantaran caina tacan diasaan jeung cangkirna tacan dipariksa heula, sieuneun langsung diinum ku Putri Anjungsari. Kumaha mun dina caina aya nanaonan?

Bari ngarongkong cangkir, panon Béna keukeureuceuman ka lebah Ranah nu diuk gigireun Putri Anjungsari, ngaisyaratan sangkan Ranah ngélingan Putri Anjungsari ulah waka nginum.

Ranah ngartieun, lalaunan sikuna nyigeung cangkéng Putri Anjungsari bari ngarérét ka Béna. Putri Anjungsari unggeuk, ngartieun kana maksud Béna jeung Ranah.

Ku Béna cai dina cangkir diilikan. Lain cai hérang, tapi semu konéng jeung siga lain cai biasa.

“Cai naeun ieu téh,” ceuk Béna ka Pribumi bari ngadeukeutkeun cangkir kana lebah bahamna.

“Wédang, cai lahang nu taca lila digodog. Sok arinum matak jagjag geura,” témbal pribumi.

“Ditampa,” tembal Béna. Caina diicip-icip, haneut kénéh, semu amis. Dirarasakeun. Geus kitu mah leguk waé diinum.

Nempo Béna ngaleguk cai, nu opatan ogé nurutan.

“Sok asaan gulana, gula anyar, karek tadi isuk-isuk,” ceuk pribumi bari nyodorkeun gula kawung nu meunang nyemplekan, tepi ka jadi laleutik.

Gula ogé diasaan heula ku Béna. Sangeus katempoeun gula taya pangaruh nanaon keur Béna, nu opatan ogé ngahuapkeun gulana, dicapék saeutik-saeutik, ditunggutan, diségétan.

“Susuguh dia katampa pisan ku kami,” ceuk Olot Kaya.

“Ah, saaya-aya. Kami teu nyaho bakal kasémahan,” walon pribumi bari seuri.

“Caina matak cénghar,” ceuk Olot Kaya bari méakkeun sésa cai dina cangkir.

“Tambahan deui atuh,” ceuk pribumi.

“Nya, keun kami nyicikeun sorangan,” tembal Olot Kaya. “Aéh, ari padumuk nu ngurus kuda di mana?”

“Arék ayeuna kitu?”

“Enya. Ambéh gancang diurusna.”

“Moal bisa jagjag sapoé dua poé sigana.”

“Taksiran kami ogé kitu.”

“Ngarereb heula waé di dieu,” ceuk pribumi.

“Ituna bogaeun kuda? Mun aya mah kudana ditukeurkeun, kajeun kami nambahan ogé,” ceuk Olot Kaya.

“Biasana mah aya,” témbal pribumi. “Hayuh atuh.”

Olot Kaya cengkat bari noél Rait, ngajak maturan. Béna ogé sarua milu nangtung, lain rék milu tapi rék ngadagoan di buruan, sakalian nalingakeun kaayaan.

Putri Anjungsari jeung Ranah angger diuk, emok. Ranah rada ngagésér, nyanghareupan lawang asup nu pantona nu nutupna rada méléngé. Ari Putri Anjungsari ngagésér ka lebah juru, rada jauh ti golodog jeung ti lawang asup ka jero.

Teu lila panto muka, saurang awéwé tengah tuwuh ngelol bari mawa seupaheun jeung tampolongna. Sok ditunda deukeut poci. Sanggeus ngaempékeun bari seuri asup deui.

Putri Anjungsari jeung Ranah nganuhunkeun méh bareng. Ku Ranah seupaheun téh dibawa ka hareupeunana, diilikan gemet pisan. Seupaheun alus, nu biasa dilemar ku kulawarga karaton.

Méméh diasongkeun ka Putri Anjungsari seupaheun téh digayeum heula ku Ranah. Sanggeus karasana taya pangaruh nanaon nu teu hade, ku Ranah disodorkeun ka Putri Anjungsari nu giak pisan nampanana.

Ti saprak ninggalkeun Pakuan Pajajaran, tacan kungsi nyeupah. Di imah Hasan teu disuguhan seupah. Najan kitu Putri Anjunsari nyeupahna anca pisan, henteu gurunggusuh.

Sabot nyeupah téh Putri Anjungsari jeung Ranah muji ka pribumi nu nyuguhan seupaheun sakitu alusna. Kitu deui wadahna.***

Tunggang gunung: jam 4 sore

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler