Pj Bupati Ciamis: P5 keur Nyanghareupan Indonesia Emas 2045

- 15 Juni 2024, 07:44 WIB
Disdik Kabupaten Ciamis ngagelar Bimtek Penguatan Konsep Perundungan, Kekerasan, Seksual (13/06/2024).
Disdik Kabupaten Ciamis ngagelar Bimtek Penguatan Konsep Perundungan, Kekerasan, Seksual (13/06/2024). /Jarkasih/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Keur ngawujudkeun pamilon didik anu tohaga dina Profil Pelajar Pancasila (P3), Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Ciamis ngagelar Bimtek Penguatan Konsep Perundungan, Kekerasan, Seksual, P4 GN jeung PN. Udaganana keur ngajurung Project Penguatan Profil Pelajar Pancasila (P5) keur siswa SMP taun 2024.

Kagiatan anu di buka ku Pj Bupati Ciamis H. Engkus Sutisna, teh digelar di Aula Kraton Selagangga Ciamis, Kemis 13 Juni 2024. Pj Bupati Engkus ngajelasken, Bimtek anu ngabahas ngawujudna pamilon didik anu ngabogaan jiwa profil Pancasila perlu dirojong, utamana ku ekosistem sakola anu konlusif.

“Ieu kawilang penting keur generasi anu bakal datang,” pokna. Dipiharep ku bimtek pihak-pihak anu aya patalina kudu leuwih paham kana tarekah anu kudu dilakukan keur nyinglar kekerasan di sakola tepi ka bisa nyiptakeun suasana anu tumaninah keur pamilon didik.

“Kituna teh supaya 20 taun kaharep barudak jadi generasi anu tanggoh jeung unggul jeung siap nyanghareupan Indonesia Emas taun 2045,” ceuk Pj Bupati Ciamis.

Kadisdik Ciamis, Erwan Darmawan, neueulkeun keur ngahontal P5, pihakna bakal terus sinergi jeung stakeholder sejenna ku cara ngayakeun kagiatan anu aya patalina jeung nyinglar perundungan anak di sakola.

Bimtek ngaubkeun Kapa Sakola, Guru BK, tingkat SMP anu aya dilingkungan Disdik Ciamis. Panyaturna ti BNN.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah