Siswa SD, 651 Urang, Miluan Ajang PENTAS PAI Tingkat Kabupaten Majalengka

- 15 Juni 2024, 06:18 WIB
Pentas PAI di Kabupaten Majalengka (10/06/2024).
Pentas PAI di Kabupaten Majalengka (10/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Pekan Keterampilan dan Seni Pendidikan Agama Islam (Pentas PAI) salasahiji kagiatan anu diunggulkeu dina tarekah ngaronjatkeun kualitas PAI di sakola. Hal ieu dimaksudkeun pikeun mere sarana aktualisasi diri keur siswa dina hal pendalaman, penghayatan, jeung pengamalan ajen-inajen ajaran Islam.

Kitu nu ditulis dina Peraturan Direktur Jenderal Pendidikan Islam Nomor Dj.I/12A Taun 2009 ngeunaan Penyelenggaraan Kegiatan Ekstrakurikuler PAI di sakola.

“Simkuring ngapresiasi kana kagiatan anu tiasa dikokolakeun ku GPAI SD dina ajang Pentas PAI jenjang Sekolah Dasar (SD) anu kawilang gumebyar tur dina taun ieu sakumna lomba tiasa dilaksanakeun," ceuk Plh. Kepala Kantor Kementerian Agama Kabupaten Majalengka, Dr. H. Heru Hoerudin, M.Ag. nalika mere sambutan dina pembukaan kegiatan Pentas PAI jenjang SD Tingkat Kabupaten Majalengka, tempatna di Aula Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Senen (10/6/2024).

Heru nyebutkeun  Pentas PAI teh wahana strategis dina raraga motekarkeun minat tur bakat pamilon didik. “Dina kituna kompetensi anu dipibanda dipiharep tiasa janten bekel dina mayunan tangtangan mangsa kahareup anu langkung kompleks.” ceuk Heru.

Salian eta, Heru oge ngahatur nuhunkeun ka Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka kana rojongan jeung partisipasina dina nyukseskeun kagiatan Pentas PAI jenjang SD.

“Hatur nuhun kangge Dinas Pendidikan anu tos maparinan supporting, oge advising. Dina kituna kagiatan ieu tiasa lumangsung kalayan lungsur- langsar tur hade," ceuk Heru.

"Ageung harepan simkuring katut Kemenag Majalengka, tina ajang Pentas PAI jenjang SD Tingkat Kabupaten Majalengka medalkeun pamilon panghadena anu tiasa janten juara di Tingkat Provinsi Jawa Barat anu bakal dilaksanakeun di Kabupaten Bandung Barat,” ceuk Heru.

Dina kasempatan anu sarua, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka Dr. Hj. Lilis Yuliasih, M.Pd. dina sambutanna nyebutkeun  Peraturan Menteri Pendidikan dan Kebudayaan Nomor 22 Taun 2020 ngeunaan Rencana Strategis Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan Taun 2020-2024 didadarkeun Profil Pelajar Pancasila (P3) nu mibanda ciri genep ciri utama:  iman, takwa ka Tuhan Yang Mahaesa, akhlak mulya, mibanda kebinekaan global, gotong royong, mandiri, mibanda alar kritis, jeung kreatif, teh salasahiji landasan anyar dina ngalaksanakeun Pentas PAI.

“Dina Pentas PAI, sadayana euyeun ku kamotekaran sareng panguatan Profil Pelajar Pancasila. Palaksanaan Pentas PAI dipiharep janten sarana kangge siswa ngalegaan cakrawala elmu pangaweruh agama, ngaronjatkeun kamampuh sosialisasi, kolaborasi oge moderasi dina ngajajakankeun agama," ceuk Lilis.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah