Pentas PAI Kecamatan Soreang 2024 Tarèkah Ngawujudkeun Siswa Mibanda Akhlakulkarimah

- 5 Maret 2024, 12:45 WIB
Pentas Pekan Keterampilan dan Seni (Pentas) Pendidikan Agama Islam (PAI) tingkat SD sakecanatan  Soreang di pendopo  Kecamatan Soreang, Senèn,  4 Maret 2024.
Pentas Pekan Keterampilan dan Seni (Pentas) Pendidikan Agama Islam (PAI) tingkat SD sakecanatan Soreang di pendopo Kecamatan Soreang, Senèn, 4 Maret 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lobana kana 300 siswa SD aub kana Pentas Pekan Keterampilan dan Seni (Pentas) Pendidikan Agama Islam (PAI) tingkat SD sakecanatan Soreang di pendopo Kecamatan Soreang, Senèn, 4 Maret 2024.

Pentas PAI nu diayakeun Kelompok Kerja Guru (KKG) PAI SD Kecamatan Soreang ieu dieusi ku Lomba Cerdas Cermat (LCC) , Rebana, Tahfid Qur'an, Adzan, Praktik Solat, Pidato , jeung Lomba Kaligrafi.

Iwal disaluuhan ku Ketua KKG PAI Kabupaten Bandung, Agus Sudrajat, M.Pdi., hadir dina bubuka Pentas PAI ieu di antarana, para Kepala Sekolah (KS) SD sakecanatan Soreamg, Ketua K3S , Pengawas PAI, Ketua PGRI Soreang, katut Pengawas Satker Soreang.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

Pengawas PAI Satker Disdik Soreang, Sulistyaningsih, M.Pd nyebutkeun Pentas PAI tingkat Kabupaten Bandung baris dilaksanakeun dina bulan Mei 2024 di kecamatan Cicalengka, sedangkeun Pentas PAI tingkat provinsi Jabar baris dilaksanakeun dina bulan Juni 2024 di kota Bandung.

"Alhamdulillah Kecanatan Soreang ngarupakeun kecamatan katujuh nu tos ngalaksanakeun kagiatan Pentas PAI sa Kabupaten Bandung, " ceuk Sulistyaningsih

Sulistyaningsih miharep, Pentas PAI numuwuhkeun minat jeung bakat siswa tur tiasa janten panguatan karakter ngawujudkeun marurangkakih nu mibanda ahlakulkarimah,, " pokna.

Ketua KKG Soreang, H. Dasum, S. P.d.I ngaku kacida syukur loba siswa nu aub kana Pentas PAI. Inyana miharep diina widang lomba Kaligrafi jeung lMTQ ti Kecanatan Soreang ieu bisa jadi pinunjul ka tingkat Kabupaten Bandung tepi ka tingkat Propinsi, samalah ka tingkat nasional.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah