Dianggap Hadè Dina Ngamangpaatkeun SIASN Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn ti BKN RI

- 14 Juni 2024, 17:57 WIB
Kabupaten Bandung dileler pangajèn  Pemerintah Daerah dengan Pemanfaatan SIASN Terbaik Layanan SKK Kategori Perbaikan Elemen NIP ti BKN RI.
Kabupaten Bandung dileler pangajèn Pemerintah Daerah dengan Pemanfaatan SIASN Terbaik Layanan SKK Kategori Perbaikan Elemen NIP ti BKN RI. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pamarèntah Kabupaten Bandung dileler pangajèn  Pemerintah Daerah dengan Pemanfaatan SIASN Terbaik Layanan SKK Kategori Perbaikan Elemen NIP ti Badan Kepegawaian Nasional Republik Indonesia (BKN RI).

Pangajèn dipasrahkeun ku Deputi Bidang Mutasi Kepegawaian BKN RI, Aris Windiyanto tur ditarima ku Plt. Kepala BKPSDM Kabupaten Bandung, Tatang Kusnawan, di Hotel Kota Bandung, Kemis, 13 Juni 2024.

Ieu pangajèn ieu wujud apresiasi BKN RI pikeun Instansi pamarèntah nu dianggap geus bisa ngamangpaatkeun layanan digital ASN.

Kabupaten Bandung dianggap aktif dina ngagunakeun layanan Status Kedudukan Kepegawaian (SKK) nu aya dina Sistem Informasi Aparatur Sipil Negara (SIASN) dina  memener patali data atawa status pagawè.

Analis SDMA Bidang Pengadaan, Pemberhentian, dan Informasi Kepegawaian (PPIK) BKPSDM Kabupaten Bandung, Lemi Candra Lesmana nètèlakeun, ASN nu salah nulis ngaran atawa salah NIP bisa diajukeun menerkeunana ku ieu layanan bari teu kudu datang langsung ka kantor BKN pusat.

"Ieu tangtos ngèntèngkeun kumargi pangladena ogè janten langkung enggal sareng efektif,” pokna.

Ceuk Lemi, samèmèh aya layanan SKK menerkeun hiji data waè pihakna kudu datang langsung ka BKN pusat mawa berkas-berkas nu diperlukeun. Ayeuna ku layanan SKK dina SIASN pemberkasan jeung memener sakabèhna dilakukeun sacara digital jadi leuwih efektif jeung efisien.

“Ayana layanan SKK kalintang ngabantos, kumargi data padamel janten langkung valid, akurat, sareng langkung kaintegrasi,” ceuk Lemi.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah