GALURA.CO.ID -Ketua Palang Merah Indonesia (PMI) Jawa Barat, Drs. H.Adang Rochjana, ngistrènan Dewan Kehormatan jeung Pengurus PMI Kabupaten Bandung periode 2024-2029. Acara lumangsung di Cafe Hotel and Convention Centre Sutan Raja di Soreang, Salasa ,11 Juni 2024.
Dewan Kehornatan jeung Pengurus PMI Kabupaten Bandung nu diistrènan teh tina hasil Musyawarah PMI Kabupaten Bandung nu digelar tanggal 27 Maret 2024.
Ketua PMI Kabupaten Bandung periode 2024-2029 H. Asep Deni Ramdani, S.P.AMd, nètèlakeun, kagiatan palang merah ngawengku pirang-pirang hal, di antarana panglayanan sosial, kasehatan, panglayanan darah, kabencanaan, nyayagikeun kaderisasi jeung sumber daya manusia (SDM), pedidikan jeung pelatihan, tur nyumebarkeun prinsip-prinsip Palang Merah jeung Bulan Sabit Merah.
Ari abu jadi prioritas di Kabupaten Bandung, ceuk Asep, pangkayaan kabencanaan jeung panglayan darah, lantaran Kabupaten Bandung kaasup wewengkon rawan bencana.
"Panglayanan darah, PMI Kabupaten Bandung narèkah supados tiasa nyumponan atanapi sakirang- kirangna ngentengkeun kaperyogian darah kanggo masarakat Kabupaten Bandung, " ceuk Asep satutas pelantikan.
Asep nganuhunkeun ka pamarèntah daerah nu geus ngadukung anggaran hibah. Iwal ti kitu, anggaran PMI ogè ceuk Asep sumberna tina donasi masarakat nu dikumpulkeun dina bulan dana PMI nu sacara sistemik dilakukeun PMI.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nu ogè pembina PMI Kabupaten Bandung ngapresiasi PMI nu geus gedè sumbangsihna ka masyarakat, di antarana dina penanggulangan bencana. Inyana jangjii baris terus ngarojong PMI.
Susuna Dewan Kehormatan jeung Pengurus PMI Kabupaten Bandung Periode 2024-2029.
Dewan Kehormatan: