Walungan CI Tamba di Kuningan Pikamelangeun, Iip Hidajat : Kudu Maneuh Dilakonan

- 21 April 2024, 19:33 WIB
Aliansi Masyarakat Peduli Sungai keur ngalakonan gerakan kabersihan di walungan CI Tamba
Aliansi Masyarakat Peduli Sungai keur ngalakonan gerakan kabersihan di walungan CI Tamba /Ajun Mahrudin/

GALURA-Kaayaan walungan CI Tamba di wewengkon Kabupatén Kuningan, baheula jeung ayeuna tangtu jauh bédana.

Baheula mah, cenah, kira-kira dina taun 1950-an kaayaan di sabudeureun walungan CI Tamba téh pikaresepeun.

Teu rék pikaresepeun kumaha, caina hérang ngagenclang jeung réa laukna deuih. Kawas lauk beunteur, nilem jeung bogo.

Béda reujeung ayeuna, sajaba caina kotor di sabudeureun walungan CI Tamba nyayeud ku runtah.

Ceuk sakaol, ngaran walungan CI Tamba téh asal kecap tina cai jeung tamba, ngandung harti cai nu bisa dipaké ubar.

Mémang, baheula mah réa warga anu ngamangfaatkeun cai ti walungan CI Tamba, utamana ti hulu-na lelewek Kelurahan Cigugur, Kecamatan Cigugur, kurang leuwih 3 kilometer ti puseur dayeuh Kabupatén Kuningan.

Walungan CI Tamba ti lebah huluna di Cigugur meulah puseur dayeuh Kuningan meulit pilemburan nepika Winduhaji.

Réa anu ngarasa hariwang, nilik kana kaayaan walungan CI Tamba téh. Boh pihak masarakat anu paduli kana lingkungan boh pamaréntah daérah.

Ku sabab kitu, sok rajeun aya gerakan meresihan aliran walungan CI Tamba. Tapi masih kénéh warga nu rajeun miceun runtah ka walungan.

Poé Jumaah, 19 April 2023, sababaraha pihak masarakat milu aub meresihan walungan CI Tamba lelewek Kelurahan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x