Kapolres Majalengka Ngaroris Kasiapan Pos Pam Ops Ketupat Lodaya 2024 jeung Kontrol Contra Flow di Tol Cipali

- 1 April 2024, 14:38 WIB
Ahad (31/3/2024), Kapolres Majalengka ngalaksanakeun pangecekan langsung di Pos Pam Ops Ketupat Lodaya 2024 oge ngaroris pengaturan lalu lintas di Contra Flow Km 147 - 169 di Tol Cipali.
Ahad (31/3/2024), Kapolres Majalengka ngalaksanakeun pangecekan langsung di Pos Pam Ops Ketupat Lodaya 2024 oge ngaroris pengaturan lalu lintas di Contra Flow Km 147 - 169 di Tol Cipali. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Kasiapan dina nyanghareupan arus mudik jeung balik lebaran jadi perhatian utama Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR.

Ahad (31/3/2024), Kapolres Majalengka ngalaksanakeun pangecekan langsung di Pos Pam Ops Ketupat Lodaya 2024 oge ngaroris pengaturan lalu lintas di Contra Flow Km 147 - 169 di Tol Cipali, wilayah hukum Polres Majalengka.

Harita Kapolres Majalengka dibarengan ku sajumlah pejabat utama Polres Majalengka. Lolongok ka Pos Pam Ops Ketupat Lodaya anu lokasina strategis keur ngaroris arus lalu lintas oge mere pelayanan ka sakumna pemudik.

"Simkuring katut rengrengan nangtoskeun, pos pam siap operasi salami periode angkutan lebaran. Saterasna ngecek kalengkepan peralatan katut fasilitas anu diperyogikeun kangge ngarojong tugas petugas di lapangan," ceuk Kapolres Indra Novianto.

Salian eta, Kapolres oge ngaroris lumangsungna pengaturan lalu lintas di Contra Flow Tol Cipali, jalur utama anu loba diliwatan ku pemudik. Kalayan mastikeun pangaturan lalu lintas lumangsung lancar,. Hal ieu dipiharep bisa ngurangan kamacetan jeung ngaronjatkeun kaamanan keur sakumna pengguna jalan.

"Simkuring katut rengrengan komitmen kangge masihan pelayanan panghadena ka masarakat dina ngajaga kalancaran tur kasalametan perjalanan aranjeunna salami usum mudik sareng balik lebaran," ceuk AKBP Indra Novianto. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah