TNI-Polri Ngajaga Kaamanan Ibadah Jumat Agung keur Nyiptakeun Rasa Aman

- 30 Maret 2024, 19:06 WIB
Anggota Koramil 1712/Jatiwangi  jeung anggota Polsek Jatiwangi ngalaksanakeun pangamanan tur ngaroris kagiatan kebaktian Jumat Agung, di Gereja Kristus Raja, Desa Sutawangi, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Jumaah (29/03/2024).
Anggota Koramil 1712/Jatiwangi jeung anggota Polsek Jatiwangi ngalaksanakeun pangamanan tur ngaroris kagiatan kebaktian Jumat Agung, di Gereja Kristus Raja, Desa Sutawangi, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Jumaah (29/03/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID - Anggota Koramil 1712/Jatiwangi Kodim 0617/Majalengka jeung anggota Polsek Jatiwangi ngalaksanakeun pangamanan tur ngaroris kagiatan kebaktian Jumat Agung, tempatna di Gereja Kristus Raja, Desa Sutawangi, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Jumaah (29/03/2024).

Jejer kebaktian Jumat Agung nyaeta "Kata Pembuka dan Do'a Pengakuan Dosa." Jumat Agung teh Poe Jumaah saacan Paskah anu mangrupakeun hari suci umat Kristiani keur mieling wafatna Isa Almasih atawa Yesus Kristus.

Danramil 1712/Jatiwangi Kapten Inf Aceng Junandi netelakeun, kagiatan pangamanan  bukti palayanan ti TNI-Polri ka masarakat anu keur ngalaksanakeun kebaktian Jumat Agung.

Baca Juga: Masarakat Kabupaten Majalengka Miharep Karna Sobahi Maju deui di Pilkada 2024

Disebutkeun Danramil, TNI-Polri siap siaga ngamankeun kagiatan kebaktian Jumat Agung. Hal eta sangkan sakumna jemaat anu hadir bisa ngarasa tingtrim tut khidmat dina miluan kagiatan kebaktian Jumat Agung.

"Simkuring miharep supados masarakat hususna jemaat anu ngalaksanakeun kagiatan kebaktian Jumat Agung, supados sami-sami ngajagi kondusifitas kaamanan kalayan silih ajenan antawis anu ngagem agama," ceuk Kapten Aceng Junandi.

Di lokasi kagiatan, rengse ngalaksanakeun kabaktian, Pendeta Romo Lukman ngahatur nuhunkeun oge kawilang ngaapresiasi sarta ngarespon positif ka TNI-Polri anu geus ngalaksanakeun pangamanan kagiatan kebaktian Jumat Agung.

“Simkuring, ngaraos syukuran oge ngahatur nuhunkeun anu saageung-ageungna ka anggota TNI-Polri kangge masihan pengamanan di Gereja Kristus Raja. Kahadiran TNI-Polri kagiatan kebaktian Jumat Agung tiasa lungsur langsar tur khidmat," ceuk Pendeta Romo Lukman.*** Ayank Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah