Tita Juwita Hipdiah, Politisi PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka Nyangking Soara Panglobana  dina Pileg

- 12 Maret 2024, 10:27 WIB
Tita Juwita Hipdiah, S.IP., Wakil Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka.
Tita Juwita Hipdiah, S.IP., Wakil Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Tita Juwita Hipdiah, S.IP., Wakil Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, kiwari ngaranna kawentar alatan nyangking soara panglobana keur DPRD Majalengka di Pemilu 2024. Inyana nyaleg di Dapil IV Talaga, Banjaran, Argapura, Maja, Sukahaji, Cigasong jeung Sindang, beubeunangana 16.373 soara.

Tita teh adi teges Mayjen (P) TNI Dr. H. Tb. Hasanuddin SE., MM, anggota DPR RI Komisi I ti F.PDI Perjuangan, jeung Prof. Dr. H. Sanitiar Burhanuddin, SH., MH, Jaksa Agung Republik Indonesia.

Ngeunaan wanoja, ceuk Tita, mibanda peran penting dina kamajuan sistim demokrasi di Indonesia. "Wanoja mibanda kamampuh kalayan hade pikeun kamajuan bangsa jeung nagara. Tina kituna simkuring tandang makalangan majeng di dunya pulitik janten kader di PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka," ceuk Tita.

Baca Juga: Legislator Fraksi PDIP H. Dadan Konjala, SH, Miharep dina Milad ka 383 Kabupaten Bandung Leuwih Hade

"Alhamdulillah perjoangan salami ieu anu dibantos ku kulawargi sadaya, raka-raka sadaya, pun anak, oge tim sukses parantos ngajantenkeun hasil anu hade. Seueur anu ngarojong tur ngahasilkeun 16.373 soara kangge di DPRD Majalengka," ceuk Tita Juwita Hipdiah.

"Hatur nuhun ka sadayana, ka masarakat Dapil lV ( Talaga, Banjaran, Argapura, Maja, Sukahaji, Cigasong, Sindang) anu tos ngarojong tur masihan kapercantenan oge ngado'akeun ka simkuring majeng janten wakil rayat di DPRD Majalengka," ceuk Tita.

Tita miharep nyangking kalungguhan di DPRD Majalengka taun 2024 bisa leuwih ngamajukeun Kabupaten Majalengka sarta bisa leuwih ngamajukeun wanoja.

“Wanoja mibanda kamampuh sami sareng kaum pameget dina sagala widang," ceuk Tita Juwita teureuh ti Talaga, nu oge teureuh ti Karajaan Talaga Manggung Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Real Count KPU Pileg DPRD Dapil 4 Majalengka: PDIP Unggul. Ngaran-ngaran Caleg nu Potensial Kapilih

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x