Atlit Taekwondo MTC Majalengka Nyangking 12 Medali di Kajuaraan ITN Open VII 2024 di UPI Bandung

- 11 Maret 2024, 12:00 WIB
Atlit Taekwondo MTC Majalengka  Kodim 0617/Majalengka Nyangking 12 Medali di Kajuaraan ITN Open VII 2024 di Bandung.
Atlit Taekwondo MTC Majalengka Kodim 0617/Majalengka Nyangking 12 Medali di Kajuaraan ITN Open VII 2024 di Bandung. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -MTC Taekwondo Majalengka anu markasna di Makodim 0617/Majalengka Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, ngirimkeun 13 atlit dina kajuaraan Taekwondo ITN (Institute Taekwondo Nusantara) Open VII 2024 anu digelar di Gymanasium UPI Bandung, 9 - 10 Maret 2024.

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nalika dikonfirmasi media, Ahad (10/3/2024) netelakeun, Taekwondo MTC Majalengka anu markasna di Kodim 0617/Majalengka ngirimkein atlitna 13 urang dina kelas prestasi jeung pemula nu diasuh ku 4 urang sabeum.

Dandim 0617/Majalengka, ngado'akeun jeung ngasuport sakumna atlit sangkan dina kajuaraan nyangking medali anu didasaran ku sumanget sarta nanjeurkeun sportifitas dina makalangan.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

"Alhamdulillah ku sumangatna, atlit MTC Majalengka anu sadayana dina pertandingan kyorugi kalayan masing-masing kategori tiasa nyangking prestasi. Nyangking 5 medali emas, 5 medali perak jeung 2 medali perunggu," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.

Letkol Inf Dudy Pilianto nyebutkeun Taekwondo MTC Majalengka di ITN Open VII/2024, geus ngabuktikeun kadariaan dina pembinaan atlet. “Kajuaraan-kajuaraan teh kanggo lari bibit enggal anu mibanda potensi kangge ngeuyeuban kakiatan atlet Jawa Barat," pokna.

Letkol Inf Dudy Pilianto ngawilujeng ka sakumna anu nyangking juara sarta ngahaturkeun nuhun ka sabeum katut tim anu ngaping. Ieu prestasi ieu ngajaulkeun dedikasi, gawe rancage atlet-atlet ngora dina nyeungitkeun ngaran Kabupaten Majalengka.

"Jantenkeun motivasi kangge teras nyangking prestasi kapayunna,” ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah