Panday jeung Maranggi di Ciamis di Desa Cisontrol Aya Gasoli nu Umurna 5 Abad

- 16 Januari 2024, 12:55 WIB
GASOLI  di Kampung Pasirhalang, Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Ieu gasoli diwariskeun ti kakait siwur mula. Anu jadi panday di dieu  ayeuna  generasi kadalapan, Tatang jeung adina, Cucu.  Pakakas tatanenna dimerekan Eno Ptr (Eno Putra).
GASOLI di Kampung Pasirhalang, Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Ieu gasoli diwariskeun ti kakait siwur mula. Anu jadi panday di dieu ayeuna generasi kadalapan, Tatang jeung adina, Cucu. Pakakas tatanenna dimerekan Eno Ptr (Eno Putra). /Nanang S/galura.co.id

Baca Juga: Bedog Barlen Mucunghul tina Tradisi di Cibeureum Tanjungsiang Jaman Belanda, Kiwari Aya Kahariwang...

NgaraNlengkepna mah Solahudin, ngan leuwih dipiwanoh ku nenehna: Pa Udin. Padumukunana di Pasirhalang Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Di lemburna kana maranggi geus ti taun 1980. Taun 1979 kungsi ka peuntas, nyieunan perah jeung sarangka bedog, sakalian ngajarkeun ka urang ditu.

Taun 1980 mulang ka lemburna sarta angger jadi maranggi, tepi ka danget ieu pisan. Ayeuna mah dibantuan ku anak cikalna, Ma’mun. Tempat digawena teh di tukangeun imah. Pa Udin merahan jeung nyarangkaan bedog lolobana nyumponan  nu pesen, anu pesenna mawa rankay bedog. Najan kitu, Pa Udin oge sok ngahaja nyarangkaan bedog keur jualeun deui, ngan tara tepi kadipasarkeun.

Anu rek meuli bedog ngahajakeun datang ka imah Pa Udin, ngilikan bedog nu geus jadi. Mun taya nu cop, upamana pedah ukuranana teu luyu jeung nu dipikahayang, sok pesen luyu jeung nu dipikahayangna, boh ukuran bedogna boh perah jeung sarangkana. Pa Udin mere jaminan ku nu meuli bedogna: mun seuseukeut bedog miley bisa dipulangkeun keur diomean.

Anu ngomeanana panday nu ngaproduksi bedog rangkay. “Simkuring mah ngical bedogna nu sae, ti panday nu tos kawentar produkna sae,” ceuk Pa Udin. Tina kituna tacan kungsi aya nu komplen, kaasup komplen kana kualitas perah jeung sarangka. Perah bedog aya nu bahanna kai, kai sonokeling, aya oge bahanna tanduk munding.

“Gumantung ka nu pesenna,” ceuk PaUdin nu dienyakeun ku Mamun. Upama nu pesenna hayang sarangkana tina bahan tanduk munding oge ditedunan. Boh nu bahanna tina kai boh nu bahanna tina tanduk munding, perah jeung sarangka meunang nyieun Pa Udin mah tembong hade pisan, herang, alus mun dipake hiasan teh.***  

 

 

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah