GALURA.CO.ID -Di Kabupaten Ciamis oge tetela loba panday jeung maranggi, malah di Desa Cisontrol mah aya gasoli nu umurna geus ampir lima abad. Produkna kakoncara harade. Tepi ka danget ieu tacan meunang bantuan ti pamarentah.
"Ka pun bapa teh tos rundayan katujuh,” ceuk Tatang, panday di Pasirhalang, Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Tina kituna dirina teh rundayan kadalapan nu neruskeun usaha kana panday, ngaproduksi pakakas tatanen, babakuna bedog, parang, arit jeung congkrang.
Mun make pancakaki Sunda mah, manday geus dipaju ti kakait siwur Tatang mula. Dirata-ratakeun sagenerasi umurna 60 taun, gasoli (tempat manday) Tatang teh geus aya 480 taun ka tukang, geus aya ti taun 1543. Jaman Pajajaran, gasolina teh geus ngadeg. Pajajaran runtag alatan dihuru ku Banten taun 1579 atawa taun 1580
Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah
Tepi ka danget ieu tacan kungsi kandeg di hiji generasi, terus nyambung. Usaha kana manday aya wae nuluykeun. “Ayeuna simkuring sareng pun adi,” ceuk Tatang. Gasolina oge angger di tempat eta-eta keneh, teu kungsi pindah, paling henteu ti jaman akina, bisa jadi ti jaman kakait siwur oge geus di dinya.
Lambusan (alat paranti keur ngaruhaykeun areng, aya dua kenca katuhu) warisan akina geus diganti ku lambusan tina kai jati nu ukuranana sarua. Ngan ayeuna mah tara dipake deui, lantaran geus diganti ku blower nu leuwih gancang dina ngaruhaykeun areng. Pikeun ngalemesan pakakasa samemeh diasah make gerinda.
Eno Ptr
Ti jaman bapana nu tilar taun 2012, pakakasna dimerekan Eno Ptr (Eno Putra). “Eno teh name pun bapa,” ceuk Tatang. Lolobana anu pesen teh daratang sorangan, aya nu mawa bahanna aya oge nu teu mawa bahanna. “Bahanna rata-rata tina tilas per mobil,” ceuk Tatang jeung adina, Cucu. Bahanna sok aya nu ngahaja ngirim urut per mobil.
Tatang oge nyadiakeun bahan tina beusi urut laher mobil. “Rada bangga midamelna, teu sapertos midamel tina per mobil,” ceuk Tatag. Bedog tina beusi laher mobil mah seukeut pisan, ngasahna oge teu kudu lila, ngan kahengkeranana regas, babari songhek atawa rompang, komo mun makena teu apik mah, asal gaplok.
Baca Juga: Perah Bedog tina Tanduk Munding Bule Dipercaya Mibanda Maunat
Pikeun ngajaga kualitas pakakas produkna, Tatang samemeh meuli bahanna, boh urut per mobil boh urut laher sok nengetan heula kualitasna. Kitu deui mun aya nu pesen bari mawa bahanna. “Kualitas bedog gumantung kana bahanna, beusina sae mah, wajana seueur keneh, bedogna oge sae,” pokna.
Tatang mere haransi kana produkna: mun bedog atawa alat-alat tatanen sejenna sanggeus dipake seuseukeutna miley diomean bari teu kudu mayar. “Salami ieu mah teu aya nu komplen ti jaman pun aki oge,” pokna. Ari bedogna rompang mah ngahadeanana kudu mayar, lantaran eta kasalahan nu Makena, upamana keuna ka paku badag atawa kana batu.
Dina sapoe Tatang jeung adina mampu nyieun bedog sapuluh siki, kari nyarangkaan. Lolobana mah bedogna teh ti nu paresen, boh pribadi boh ti maranggi (profesi nyieunan perah jeung sarangka bedog). “Upami nu pesenna maranggih mah kanggo icaleun deui sabada diperahan sareng disarangkaan,” ceuk Tatang.
Di lemburna, di Pasirhalang, nu kana maranggi teh aya kana lima urang. “Upami aya nu pesen bedog nu tos dirangkaan, dikengkenna ka maranggi,” ceuk Tatang. Inyana jeung dina teu niat sakalan jadi maranggi. “Moal kabujeng,” pokna. Ongkoh deuih teu kudu sagala ku sorangan, ambeh produkan hade.
Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo
Maranggi senior
Di Pasirhalang salasahiji maranggi nu senior teh Pa Udin nu teu jauh ti gasoli Tatang. Pa Udin oge sok meulian bedog ti Tatang, diperahan disarangkaan, terus dijual deui. Pa Udin oge nyarangkaanana ti nu pesen, datang ka maranggina bari mawa bedog rangkay. Hargana gumantung bahanna, bahanna tanduk munding leuwih mahal batan bahanna kai (tingali kaca 2, Warna-warni).
Bareto oge di Pasirhalang aya panaday nu sarua kakoncara, produkna dimerekan Oyo. Ngan turunana tara neruskeun. Tatang ge tadina mah hayang digawe di pabrik garmen di Bekasi. Sabot nungguan panggilan, aya nu ngajak digawe di tempat nyieunan karesori treuk, nyieunan rangkana tina beusi.
Ngarasa pangasilanana kurang nyugemakeun sarta sarua ngugulung beusi, Tatang mulang ka lemburna, mantuan nu jadina bapana. “Nuju sakola ti SMP oge, oge sok mantuan pun bapa,” pokna. Nu matak bapana tilar, kana manday teh geus maher sarta neruskeun pacabakan nu geus diwariskeun salila tujuh entragan.
Ti jaman bapana tepi danget ieu pisan, Tatang tacan kungsi bantuan, boh ti desa sok komo ti pamarentah Kabupaten Ciamis. Padahal tina dana desa geus aya posna keur ngabantuan ekonomi kreatif. Di Dinas Pariwisata apan aya bidang ekonomi kreatif. “Abdi teh hoyong mesin tempa, mung teu acan aya artosna,” ceuk Tatang.
NgaraNlengkepna mah Solahudin, ngan leuwih dipiwanoh ku nenehna: Pa Udin. Padumukunana di Pasirhalang Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Di lemburna kana maranggi geus ti taun 1980. Taun 1979 kungsi ka peuntas, nyieunan perah jeung sarangka bedog, sakalian ngajarkeun ka urang ditu.
Taun 1980 mulang ka lemburna sarta angger jadi maranggi, tepi ka danget ieu pisan. Ayeuna mah dibantuan ku anak cikalna, Ma’mun. Tempat digawena teh di tukangeun imah. Pa Udin merahan jeung nyarangkaan bedog lolobana nyumponan nu pesen, anu pesenna mawa rankay bedog. Najan kitu, Pa Udin oge sok ngahaja nyarangkaan bedog keur jualeun deui, ngan tara tepi kadipasarkeun.
Anu rek meuli bedog ngahajakeun datang ka imah Pa Udin, ngilikan bedog nu geus jadi. Mun taya nu cop, upamana pedah ukuranana teu luyu jeung nu dipikahayang, sok pesen luyu jeung nu dipikahayangna, boh ukuran bedogna boh perah jeung sarangkana. Pa Udin mere jaminan ku nu meuli bedogna: mun seuseukeut bedog miley bisa dipulangkeun keur diomean.
Anu ngomeanana panday nu ngaproduksi bedog rangkay. “Simkuring mah ngical bedogna nu sae, ti panday nu tos kawentar produkna sae,” ceuk Pa Udin. Tina kituna tacan kungsi aya nu komplen, kaasup komplen kana kualitas perah jeung sarangka. Perah bedog aya nu bahanna kai, kai sonokeling, aya oge bahanna tanduk munding.
“Gumantung ka nu pesenna,” ceuk PaUdin nu dienyakeun ku Mamun. Upama nu pesenna hayang sarangkana tina bahan tanduk munding oge ditedunan. Boh nu bahanna tina kai boh nu bahanna tina tanduk munding, perah jeung sarangka meunang nyieun Pa Udin mah tembong hade pisan, herang, alus mun dipake hiasan teh.***