Baca Juga: Perah Bedog tina Tanduk Munding Bule Dipercaya Mibanda Maunat
Pikeun ngajaga kualitas pakakas produkna, Tatang samemeh meuli bahanna, boh urut per mobil boh urut laher sok nengetan heula kualitasna. Kitu deui mun aya nu pesen bari mawa bahanna. “Kualitas bedog gumantung kana bahanna, beusina sae mah, wajana seueur keneh, bedogna oge sae,” pokna.
Tatang mere haransi kana produkna: mun bedog atawa alat-alat tatanen sejenna sanggeus dipake seuseukeutna miley diomean bari teu kudu mayar. “Salami ieu mah teu aya nu komplen ti jaman pun aki oge,” pokna. Ari bedogna rompang mah ngahadeanana kudu mayar, lantaran eta kasalahan nu Makena, upamana keuna ka paku badag atawa kana batu.
Dina sapoe Tatang jeung adina mampu nyieun bedog sapuluh siki, kari nyarangkaan. Lolobana mah bedogna teh ti nu paresen, boh pribadi boh ti maranggi (profesi nyieunan perah jeung sarangka bedog). “Upami nu pesenna maranggih mah kanggo icaleun deui sabada diperahan sareng disarangkaan,” ceuk Tatang.
Di lemburna, di Pasirhalang, nu kana maranggi teh aya kana lima urang. “Upami aya nu pesen bedog nu tos dirangkaan, dikengkenna ka maranggi,” ceuk Tatang. Inyana jeung dina teu niat sakalan jadi maranggi. “Moal kabujeng,” pokna. Ongkoh deuih teu kudu sagala ku sorangan, ambeh produkan hade.
Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo
Maranggi senior
Di Pasirhalang salasahiji maranggi nu senior teh Pa Udin nu teu jauh ti gasoli Tatang. Pa Udin oge sok meulian bedog ti Tatang, diperahan disarangkaan, terus dijual deui. Pa Udin oge nyarangkaanana ti nu pesen, datang ka maranggina bari mawa bedog rangkay. Hargana gumantung bahanna, bahanna tanduk munding leuwih mahal batan bahanna kai (tingali kaca 2, Warna-warni).
Bareto oge di Pasirhalang aya panaday nu sarua kakoncara, produkna dimerekan Oyo. Ngan turunana tara neruskeun. Tatang ge tadina mah hayang digawe di pabrik garmen di Bekasi. Sabot nungguan panggilan, aya nu ngajak digawe di tempat nyieunan karesori treuk, nyieunan rangkana tina beusi.
Ngarasa pangasilanana kurang nyugemakeun sarta sarua ngugulung beusi, Tatang mulang ka lemburna, mantuan nu jadina bapana. “Nuju sakola ti SMP oge, oge sok mantuan pun bapa,” pokna. Nu matak bapana tilar, kana manday teh geus maher sarta neruskeun pacabakan nu geus diwariskeun salila tujuh entragan.
Ti jaman bapana tepi danget ieu pisan, Tatang tacan kungsi bantuan, boh ti desa sok komo ti pamarentah Kabupaten Ciamis. Padahal tina dana desa geus aya posna keur ngabantuan ekonomi kreatif. Di Dinas Pariwisata apan aya bidang ekonomi kreatif. “Abdi teh hoyong mesin tempa, mung teu acan aya artosna,” ceuk Tatang.