GALURA.CO.ID. – Atlet-atlet ti Kenjujitsu Indonesia ngahontal 12 medali dina kajuaraan Astrajingga Ju-Jitsu Open Championship (AJJOC) 2023.
Éta kajuaraan AJJOC 2023 nu diiluan ku atlet-atlet ti Kenjujitsu Indonesia téh lumangsung di GOR Bulutangkis KONI, Jalan Jakarta, Kota Bandung, 16-17 Desember 2023.
Dina kajuaraan AJJOC 2023, aya 13 atlet putra-putri ti Kenjujitsu Indonesia, 11 urang ti Bandung jeung duaan ti Cirebon, kalawan makalangan dina 16 nomor pertandingan.
Atlet-atlet ti Kenjujitsu Indonesia ngahontal 12 medali dina kajuaraan AJJOC 2023 nu ngawengku 3 medali emas (Fighting System), 4 medali perak (Fighting System jeung Newaza), katut 5 medali perunggu (Newaza).
Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan
Tah, atlet-atlet putra-putri ti Kenjujitsu Indonesia nu tanding dina AJJOC 2023 téa, makalangan dina kategori Fighting System (FS) jeung Newaza, dina kelompok umur mimiti 7 taun tepi ka 18 taun, kalawan beurat awakna téh ti 21 kg tepi ka 76 kg.
Anapon Perguruan atawa Dojo Kenjujitsu Indonesia perenahna di lembur Cisintok, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat. Dina kamekaranana tepi ka kiwari diwengku ku puluhan atlet ti budeureun Bandung jeung disaluareun Bandung.
Arinyana lalatihan di Dojo Kenjujitsu Indonesia rata-rata tilu kali dina samingguna, kalawan dilatih ku para Sensei nu geus kawilang maroyan dina cabang olahraga Ju-Jitsu.