Jalan Cipari-Cisantana Pikeun Nunjel Wisata, Make Waragad APBN Rp 50 Miliar

- 5 Desember 2023, 07:45 WIB
Jalan Cipari-Cisantana, di sabudeureun Kelurahan Cipari, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan.
Jalan Cipari-Cisantana, di sabudeureun Kelurahan Cipari, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan. /Ajun Mahrudin/

GALURA-Jalan Cipari-Cisantana di wewengkon Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan, diancokeun pikeun nunjel mekarna pariwisata di sabudeureun Desa Cisantana.

Sajaba ti eta pikeun ngurangan kamacetan di jalan raya Cigugur-Cisantana.

Kepala Dinas Pekerjaan Umum Tata Ruang (PTUR) Kabupaten Kuningan, Putu Bagiasna, nyebutkeun  pembangunan jalan Cipari-Cisantana,  penting  pikeun nunjel mekarna wisata husususna  di sabudeureun Desa Cisantana.

Baca Juga: 7000 PJU Rek Dibangun di Kuningan

Putu nyebutkeun, Kabupaten Kuningan teh kaasup   daerah wisata.  Sektor pariwisata mangrupakeun penyumbang PAD pangbadagna, diharepkeun mampuh nunjel  sektor paekonomian  di ieu daerah.

 Ceuk Putu, jalan Cipari-Cisantana penting numuwuhkeun  ekonomi, hususna di kawasan wisata Desa Cisantana.

Fungsi utama-na mah pikeun mekarkeun wisata, nu baris mawa pangaruh kana tumuwuhna ekonomi di Kabupaten Kuningan.

Baca Juga: Kampanyeu di Kuningan, Rokhmat Ardiyan, Ngolongan Kereteg Hate Padagang di Pasar

”Utamana mah kanggo nunjel mekarna wisata di Desa Cisantana. Sajaba ti eta kanggo ngirangan kamacetan di Jalan Cigugur nuju kawasan wisata Desa Cisantana,” ceuk  Putu, basa mieling  Hari Bakti PU ke-78 dan Aksi Daerah, di Lokasi Jalan Cipari-Cisantana, sabudeureun  Desa Cipari, Kecamatan Cigugur, Ahad, 3 Desember 2023.

Jalan lingkar Cipari-Cisantana, ceuk Putu,  panjangna 2,2 kilometer jeung rubak 7 meter. Waragad pikeun ngawangun eta jalan tina dana Anggaran Pendapatan Belanja Negara (APBN) ngaliwatan  Inpres jalan daerah taun 2023 kurang leuwih Rp23 miliar.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x