Najan APBD-na keur Tigerat, Pamarentah Kabupaten Ciamis Masrahkeun Bantuan Alsintan, POC jeung Binih Pare

- 12 Oktober 2023, 19:33 WIB
Wabup Ciamis  masrahkeun Alsintan ka kelompok tani, keur mekarkeun  Pengembangan Pertanian Padi Ramah Lingkungan (12/10/2023).
Wabup Ciamis masrahkeun Alsintan ka kelompok tani, keur mekarkeun Pengembangan Pertanian Padi Ramah Lingkungan (12/10/2023). /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID – Dinas Pertanian dan Ketahanan Pangan (DPKP) Kabupaten Ciamis masrahkeun bantuan Alat Mesin Pertanian (Alsintan) ka 200 kelompok tani. Alsintanna handsprayer, dipasrahkeun sacara simbolik di Aula Kantor DPKP Kabupaten Ciamis, Kemis (12/10/2023).

Salian Alsintan, DPKP Ciamis oge masrahkeun bantuan binih pare nu mibanda sertifikat jeung, pupuk organik cair (POC). Waragadna tina APBD Kabupaten Ciamis taun anggaran 2023 nu cenah mah deficit tepi ka dana aspirasi dewan oge tacan calair.

Binih pare, POC jeung Alsintan udagana keur Pengembangan Pertanian Padi Ramah Lingkungan (BPRL). Binih pare cukup keur 4000 hektar dipasrahkeun ka 308 kelompok tani di 27 kacamat. POC keur ngagemuk 6.666,67 hektar dipasrahkeun ka 52o kelompok tani.

Baca Juga: Di Babakan Desa Ciparigi Kabupaten Ciamis Aya Jalan nu Dingaranan Jalan Candi Aspal

Wakil Butati (Wabup) Ciamis H. Yana D. Putra bantuan bieu teh bantuan tepat guna lantaran dayeuhan (warga) Kabupaten Ciamis lolobana patani. “Hirupna Ciamis ku para patani, tina kituna tatanen kudu jadi prioritas,” pokna.

Diaku ku Wabup Ciamis, APBD Ciamis keur gering ngalanglayung, najan kitu visi Pemkab Ciamis nu aya patalin jeung tatanen diproritaskeun keur leuwih ngamotekarkeun tatanen.

Wabup Ciamis miharep eta bisa dimangpaatkeun sahade-hadena sarta nu dimekarkeunana tatanen nu ramah lingkungan. “Simkuring miharep karaharjaan para patani beuki ngaronjat lantaran mibansda ajen ekonomis nu leuwih unggul,” pokna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah