Jalan Kabupaten Gardu - Cisaga Hareupeun Pangumbahan di Cinutug, Desa Selacai, Ciamis, Mindeng Ruksak

- 23 September 2023, 09:54 WIB
Jalan kabupaten Gardu - Cisaga hareupeun pangumbahan di Dusun Cinutug Desa Selacai, Kecamatan Cipaku Kabupaten Ciamis, Jawa Barat mindeng ruksak alatan mindeng kacaian (dipoto Saptu, 23 September 2023, jam satengah 9 isuk-isuk).
Jalan kabupaten Gardu - Cisaga hareupeun pangumbahan di Dusun Cinutug Desa Selacai, Kecamatan Cipaku Kabupaten Ciamis, Jawa Barat mindeng ruksak alatan mindeng kacaian (dipoto Saptu, 23 September 2023, jam satengah 9 isuk-isuk). /Nanang S/Galura co.id


GALURA CO.ID. Jalan Kabupaten Cisaga - Gardu Kabupaten Ciamis aspal hotmixna kawilang leucir. Ku pamarentah Kabupaten Ciamis, jalan jalur ieu teu weleh diroris, kawantu jalanna malipir gawir jeung sisi gawir nu ka lebakna sawah.

Ngan kira-kira tilu ratus meteran ti pertelon Gardu, sabada sasak Cimuntur, nu kabawah Dusun Cinutug, Desa Selacai, Kecamatan Cipaku, hareupeun pangumbahan mobil mindeng ruksak.

Jalan hareupeun eta pangumbahan mobil kungsi ditambalan, ngan teu lila ruksak deui. Gampang ruksakna jalan lebah dinya alatan mindeng kacaian ti pangumbahan. Hareupeun pangumbahan taya drainase sangkan caina ngamalir.

Baca Juga: Di Kabupaten Ciamis, 192.284 KPM Meunang Bantuan Pangan Tahan II

Logak-logak cai di hareupeun pangumbahan mobil bogana pangsiunan ASN teh matak nyilakakeun nu tumpak motor, babakuna ti peuting, kawantu logakna teu kaciri lantaran aya caian.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah