Bupati Ciamis: Pangwangunan Desa Udaganana keur Ngaronjatkeun Karaharjaan Masarakat

- 6 September 2023, 14:00 WIB
Forum Grup Discusion Indeks Desa Membangun (FGD IDM)  di Aula Sekretariat Daerah, Salasa (05/09/2023), keur ngaronjatkeun karaharjaan masarakat.
Forum Grup Discusion Indeks Desa Membangun (FGD IDM) di Aula Sekretariat Daerah, Salasa (05/09/2023), keur ngaronjatkeun karaharjaan masarakat. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Grade pangwangunan desa di Kabupaten Ciamis unggal taun ngaronjat. Minangka buktina, kategori desa mandiri, maju jeung berkembang di Kabupaten Ciamis mingkin loba.

Kitu ceuk Bupati Ciamis Herdiat Sunarya dina bubuka Forum Grup Discusion Indeks Desa Membangun (FGD IDM) di Aula Sekretariat Daerah, Salasa (05/09/2023).

Ieu FGD digelar ku Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Desa (DPMD) Kabupaten Ciamis. Pamilonna para kepala OPD jeung para kepala desa sakabupaten Ciamis.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Niskala Wastu Kancana

Tepi ka taun 2023 ayeuna desa mandiri di Kabupaten Ciamis jumlahna 178 desa; kategori maju 73 desa, jeung; kategori berkembang 73 desa. Ari kecamatan mandiri aya 16 kecamatan.

“Mindeng ku simkuring didugikeun pangajen sareng ningkatna status kelas (desa) lain tujuan utama. (Tujuan utama mah) ngaladeban masarakat sahade-hadena, “ ceuk Bupati Ciamis.

Bupati Ciamis nyebutkeun parakepala desa penting pisan miluan FGD IDM. Hasilna dijadikeun bahan keur ngabangun desa sangkan leuwih maju jeung masarakatna leuwih raharja.

Sangkan masarakat leuwih raharja, ceuk Bupati Ciamis, pangwangunan fisik jeung non fisik salawasna kudu saimbang. Duanana sarua penting dina pangwangunan.

“Negara bisa kuat jeung maju alatan pangwangunna kuat, boh baik fisik boh non fisik,” ceuk Bupati Ciamis.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah