Bupati Bandung Ngarojong Digitalisasi jeung Teknologi Informasikeun dina Ngokolakeun Arsip

- 9 Agustus 2023, 09:07 WIB
Bupati Bandung H. M Dadang Supriatna ngilikan Depo Arsip di Dispusip, ngajurung  sangkan leuwih ngaoptimalkeun digitalisasi jeung teknologi informasi dina ngokolakeun arsip.
Bupati Bandung H. M Dadang Supriatna ngilikan Depo Arsip di Dispusip, ngajurung sangkan leuwih ngaoptimalkeun digitalisasi jeung teknologi informasi dina ngokolakeun arsip. /Sopandi/Galura

GALURA -Bupati Bandung H. M Dadang Supriatna ngajurung rèngrèngan Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) sangkan leuwih ngaoptimalkeun digitalisasi jeung teknologi informasi (TI) dina ngokolakeun arsip.

Bupati Bandung ngaapresiasi tartibna Dispusip dina mgokolakeun arsip. "Sanaos tos digitalisasi, simkuring ngarojong supados dina ngokolakeunana langkung saè deui ku ngaotimalkeun teknologi informasi," pokna basa ngadongdon ka kantor Depo Arsip Dispusip Kabupaten Bandung di Soreang.

Harita Bupati Bandung diajak ngurilingan depo arsip nu geus digitalisasi jeung ngaoptimalkeun teknologi informasi ku Kepala Bidang Penyelenggaraan Kearsipan Dispusip Hj. Sintawaty, SP.,M.Si, nitènan saniskara koleksi jeung arsip penting nu geus diteundeun rapih jeung tartib.

 

 

 

 

 

Baca Juga: Bupati Bandung Medalkeun Buku Pancasila dan Kewarganegaraan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x