Dandim 0615 Kuningan Mitembeyan Pangwangunan Mushola di Koramil 1512 Lebakwangi

- 25 Februari 2023, 08:58 WIB
Dandim 0615 Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan, waktu mitembeyan pangwangunan mushola di Koramil 1512 Lebakwangi, Kabupaten Kuningan.*
Dandim 0615 Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan, waktu mitembeyan pangwangunan mushola di Koramil 1512 Lebakwangi, Kabupaten Kuningan.* /Dok. PENDAM III/SLW/

GALURA - Dandim 0615 Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan, mitembeyan pangwangunan mushola di Koramil 1512 Lebakwangi Desa Mekarwangi, Kac. Lebakwangi, Kabupaten Kuningan.

Ceuk Dandim 0615 Kuningan Letkol Inf Bambang Kurniawan, Jumaah 24 Februari 2023, pangwangunan éta mushola téh sangkan anggota Koramil 1512 Lebakwangi sarta masarakat budeureunana mingkin tumaninah dina ngalaksanakeun ibadah.

Sakumaha ilaharna tradisi titinggal karuhun, acara mitembeyan ngadegkeun mushola di Koramil 1512 Lebakwangi diwangun ku salametan kalawan sakumna nu hadir pada ngadaru'a ka Allah SWT sangkan kagiatan pangwangunan lungsur-langsar.

"Ieu mushola diwangun minangka tempat ibadah pikeun anggota Koramil 1512 Lebakwangi jeung warga budeureun, katut warga lianna," ceuk Letkol Inf Bambang Kurniawan.

Baca Juga: Kodim 0609 Cimahi Panen Raya Jagong, Nguatkeun Katahanan Pangan

Sakumna anggota Koramil 1512 katut unsur Muspika Lebakwangi, sarta paratokoh masarakat nu ngahadiran acara mitembeyan, sapatékadan ka hareupna éta mushola téh sing geura anggeus tur bisa dimangpaatkeun ku balaréa.

Letkol Inf Bambang Kurniawan ngeceskeun, pangwangunan éta mushola nyoko kana konsép ngajadikeun Koramil 1512 Lebakwangi minangka Koramil nu taat ibadah.

Éta téh salasahiji ihtiar ngamangpaatkeun tur matéakeun potensi nu aya di wilayah.

"Kuring miharep malar sakabéh Koramil nu aya di wilayah Kodim 0615 Kuningan mibanda sarana ibadah nu hadé, modéren, éndah pikabetaheun, sarta tumaninah pikeun saha waé nu ngagunakeunana," pokna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah