Korem 063 Sunan Gunung Jati Meunang Pangleler ti KPPN, Pangajen kana Ketak Satker di Wilayah Cirebon

- 17 Februari 2023, 15:05 WIB
Korem 063 Sunan Gunung Jati meunang pangleler ti KPPN minangka rengking kahiji (sangat baik) sual IKPA Taun 2022 Satker di sakuliah Cirebon jeung Indramayu/Dok. Pendam III/Slw
Korem 063 Sunan Gunung Jati meunang pangleler ti KPPN minangka rengking kahiji (sangat baik) sual IKPA Taun 2022 Satker di sakuliah Cirebon jeung Indramayu/Dok. Pendam III/Slw /

"Kuring ngahaturkeun nuhun sarta apresiasi ka sakumna anggota Korem 063 Sunan Gunung Jati nu geus nembongkeun ketak hade dina ngokolakeun anggaran nu diamanatkeun ku nagara,” pokna.

Baca Juga: Di Museum Negeri Sri Baduga Naskah Pangeran Wangsakerta Aya Opat Seri Sejarah

Anapon pangleler KPPN teh dumasar pangajen 12 Indikator Kinerja Pelaksanaan Anggaran (IKPA), nyaeta Pengelolaan Uang Persediaan, Data Kontrak, Kesalahan SPM, Retur SP2D, Halaman III DIPA, Revisi DIPA, Penyelesaian Tagihan, Rekon LPJ Bendahara, Perencanaan Kas, Penyerapan Anggaran, Dispensasi SPM, sarta Pagu Minus.

“Kuring miharep ieu pangleler teh jadi pamecut Korem 063 Sunan Gunung Jati enggoning ngahontal pretasi sahade-hadena dina taun 2023. Kitu deuih, rukun gawe salila ieu jeung KPPN ge baris terus dironjatkeun,” ceuk Kolonel Inf Dany Rakca. ***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah