Persib vs PSM Makassar, Nu Meunang Nerekel ka Puncak Klasemen, Link Live Streaming jeung Kick Off

- 14 Februari 2023, 14:30 WIB
Persib vs PSM Makassar,  link live streaming , kick off
Persib vs PSM Makassar, link live streaming , kick off /Tangkapan Layar Vidio

GALURA - Saha wae nu unggul dina laga antara Persib Bandung vs PSM Makassar dina minggu ka 24 Liga 1 2022/2023 sore ayeuna, bakal langsung ka puncak klasemen saheulanan.

Ku kituna, laga klasik nu bakal lumangsung ayeuna ditaksir bakal rame, sabab duanana papada hayang meunang, hayang ka puncak klasemen.

Ari lagana, bakal lumangsung di Stadipn Pakansari, Cibinong Kabupaten Bogor kalawan kick off jam 15.00 WIB.

Baca Juga: Bali United vs Persib Bandung, Ilija Spasojevic Absen, tapi Aya Keneh Privat Mbarga, Senterpur Lincah

Baca Juga: Persib Can Kungsi Meunang ti Bali United ti 2017, Laga nu Matak Panasaran, Ieu Link Live Streaming Laga

Baca Juga: Oknum Bobotoh Geus Ngarugikeun Deui Persib Rp 50 Juta, Alatan Maledog Suporter PSS Sleman di GBLA

Sakumaha anu kabaca dina laman Persib, Persib dina nyanghareupan PSM Makassar geus masang target meunang, sabada gedeg jeung Bali United 1-1, minggu kamari.

Pangna hayang meunang, sajaba ti sangkan Persib nerekel deui ka puncak Liga 1 2022/2023 tina posisi tilu ayeuna (kahiji Persija, kadua PSM Makassar), oge sangkan rekord Luis Milla teu eleh salina 16 pertandingan, te locot.

Nurutkeun Luis Milla, ngahontal eta tekad teh pasti teu gampang. Nu matak kitu lantaran PSM Makassar teh kaasup tim nu hade, kompak dina sagala rupana jeung agresif. Kualitas pamaen PSM jeung pangalamanna ge lain bantrak-bantrakeun.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

 

"Eta hal tangtos minangka ujian nu abot kanggo Persib," cek Milla.

 

Jabaning, cek Milla, nalika Persib aduhareupan jeung PSM Makassar aya pamaen petingan nu absen. Pamaen nu ditujul teh Daisuke Sato jeung Febri Hariyadi. 

Lian ti eta, aya oge pamaen nu teu fit awakna, nyaeta David da Silva jeung Ferdiansyah.

Baca Juga: Sompral, Suaban Ngandung Gambaran Kasombongan, Kudu Disinglar, Matak Cilaka

Di sejen pihak, palatih PSM Bernando Tavares nyebutkeun yen laga lawan Persib teh ditaksir bakal rame jeung ngirut. Eta laga, cenah, bakal disorang ku pamaen PSM Makassar kalawan santey.

Bernando Tavares oge ngebrehkeun yen Persib teh pamaen nu alus boh lokalna boh asing. Katurug-turug dilatih ku palatih asing nu hade oge.

"PSM Makassar siap ngayonan bari maen santey jeung tenang," pokna.

Baca Juga: Teu Kapahung ku Girimis, Komunitas Senam KISS Kabupaten Bandung Tetep Bedas, Aub Ngareuah-reuah HPN 2023

 

Nu peryogi link live streaming laga Persib vs PSM Makassar, ieu di handap:

>>>Live Streaming Persib vs PSM Makassar<<<

Wilujeng nonton!***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Persib co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah