Ku kituna, tanggal 1 Ramadhan 1444 Hijriah atawa waktu dimimitianna puasa taun ayeuna, poe Kemis Pon tanggal 23 Maret 2023 Masehi.
Samemehna mah rea nu naksir, yen puasa taun ayeuna dimimitian poe Salasa 21 Maret 2023, sabab bulan Syakban ayeuna lumangsung 29 poe.
Ngan dumasar kamandang PP Muhammadiyah nu gemet, dina poe Salasa 21 Maret 2023, ijtimak Ramadhan 1444 acan kajadian. Ijtimak teh jadina karek isukna, Rebo 22 Maret liwat tengah peuting.
Baca Juga: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung Méré Luang Cara Ngamankeun Arsip Kulawarga
Sajaba ti netepkeun 1 Ramadhan 1444 Hijriah, Majelis Tarjih jeung Tajdid PP Muhammadiyah geus netepkeun 1 Syawal 1444 H jeung 1 Zulhijah 1444 H.
"Tanggal 1 Syawal 1444 Hijriah dina poe Jumaah Pahing, 21 April 2023 Masehi," cek PP Muhammadiyah.***