Panday jeung Maranggi di Ciamis di Desa Cisontrol Aya Gasoli nu Umurna 5 Abad

16 Januari 2024, 12:55 WIB
GASOLI di Kampung Pasirhalang, Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Ieu gasoli diwariskeun ti kakait siwur mula. Anu jadi panday di dieu ayeuna generasi kadalapan, Tatang jeung adina, Cucu. Pakakas tatanenna dimerekan Eno Ptr (Eno Putra). /Nanang S/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Di Kabupaten Ciamis oge tetela loba panday jeung  maranggi, malah di Desa Cisontrol mah aya gasoli nu umurna geus ampir lima abad. Produkna kakoncara harade. Tepi ka danget ieu tacan meunang bantuan ti pamarentah.

"Ka pun bapa teh tos rundayan katujuh,” ceuk Ta­tang, panday di Pasir­halang, Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabu­paten Ciamis.  Tina kituna dirina teh rundayan ka­da­lapan nu neruskeun usaha kana panday, ngaproduksi pakakas tatanen, babakuna bedog, parang, arit jeung congkrang.

Mun make pancakaki Sun­da mah, manday geus di­paju ti kakait siwur Ta­tang mula. Dirata-ratakeun sagenerasi umurna 60 ta­un, gasoli (tempat manday) Tatang teh geus aya 480 ta­un ka tukang, geus aya ti taun 1543. Jaman Paja­jaran, gasolina teh geus nga­deg. Pajajaran runtag alatan dihuru ku Banten ta­un 1579 atawa taun 1580 

Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah

Tepi ka danget ieu ta­can kungsi kandeg di hiji generasi, terus nyambung. Usaha kana manday aya wae nuluykeun. “Ayeuna sim­kuring sareng pun adi,” ceuk Tatang. Gasolina oge angger di tempat eta-eta keneh, teu kungsi pindah, paling henteu ti jaman aki­na, bisa jadi ti jaman ka­kait siwur oge geus di dinya.

Lambusan (alat paranti keur ngaruhaykeun areng, aya dua kenca katuhu) wa­risan akina geus diganti ku lambusan tina kai jati nu ukuranana sarua. Ngan ayeu­na mah tara dipake deui, lantaran geus diganti ku blower nu leuwih gancang dina ngaruhaykeun areng. Pikeun ngalemesan pa­kakasa samemeh diasah make gerinda.

Eno Ptr

Ti jaman bapana nu ti­lar taun 2012, pakakasna di­merekan Eno Ptr (Eno Putra). “Eno teh name pun ba­pa,” ceuk Tatang. Lolo­bana anu pesen teh dara­tang sorangan, aya nu ma­wa bahanna aya oge nu teu mawa bahanna. “Bahanna ra­ta-rata tina tilas per mo­bil,” ceuk Tatang jeung adi­na, Cucu. Bahanna sok aya nu ngahaja ngirim urut per mobil.

Tatang oge nyadiakeun bahan tina beusi urut laher mobil. “Rada bangga mida­melna, teu sapertos mida­mel tina per mobil,” ceuk Tatag. Bedog tina beusi laher mobil mah seukeut pi­san, ngasahna oge teu kudu lila, ngan ka­heng­keranana regas, babari song­hek atawa rompang, komo mun m­akena teu apik  mah, asal gap­lok.

Baca Juga: Perah Bedog tina Tanduk Munding Bule Dipercaya Mibanda Maunat

Pikeun ngajaga kualitas pa­kakas produkna, Tatang same­meh meuli bahanna, boh urut per mobil boh urut laher sok nengetan heula kualitasna. Kitu deui mun aya nu pesen bari ma­wa bahanna. “Kualitas bed­og gumantung kana bahanna, beu­sina sae mah, wa­jana seueur keneh, be­dogna oge sae,” pok­na.

Tatang mere haransi kana produkna: mun bedog atawa alat-alat tatanen se­jenna sang­geus dipake seuseukeutna miley diome­an bari teu kudu mayar. “Salami ieu mah teu aya nu komplen ti jaman pun aki oge,” pokna. Ari bedogna rompang mah ngaha­de­ana­na kudu ma­yar, lantaran eta kasalahan nu Makena, upamana keuna ka paku badag atawa kana batu.

Dina sapoe Tatang jeung adina mampu nyieun be­dog sapuluh siki, kari nyarang­ka­an. Lolobana mah bedogna teh ti nu pa­resen, boh pribadi boh ti maranggi (profesi nyieun­an perah jeung sarangka bedog). “Upa­mi nu pesenna maranggih mah kanggo icaleun deui sabada diperahan sareng disa­rangkaan,” ceuk Tatang.

Di lemburna, di Pasir­ha­lang, nu kana maranggi teh aya kana lima urang. “Upami aya nu pesen bedog nu tos dirangkaan, dikeng­kenna ka maranggi,” ceuk Tatang. Inyana jeung dina teu niat sakalan jadi ma­rang­gi. “Moal kabujeng,” pokna. Ong­koh deuih teu kudu sagala ku so­rangan, ambeh produkan hade.

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

Maranggi senior

Di Pasirhalang salasa­hiji maranggi nu senior teh Pa Udin nu teu jauh ti ga­soli Tatang. Pa Udin oge sok meulian bedog ti Ta­tang, diperahan disarang­kaan, terus dijual deui. Pa Udin oge nyarang­kaanana ti nu pe­sen, datang ka ma­ranggina ba­ri mawa bedog rangkay. Hargana gumantung bahanna, bahanna tanduk munding leuwih mahal batan bahanna kai (tingali kaca 2, Warna-warni).

Bareto oge di Pasir­ha­lang aya panaday nu sarua kakoncara, produkna di­me­rekan Oyo. Ngan tu­runana tara neruskeun. Ta­tang ge tadina mah hayang digawe di pabrik garmen di Bekasi. Sabot nungguan panggilan, aya nu ngajak digawe di tempat nyieunan karesori treuk, nyieunan rangkana tina beusi.

Ngarasa pangasilanana ku­rang nyugemakeun sarta sarua ngugulung beusi, Tatang mu­lang ka lemburna, mantuan nu jadina bapana. “Nuju sakola ti SMP oge, oge sok mantuan pun bapa,” pokna. Nu matak ba­pana tilar, kana manday teh geus maher sarta neruskeun paca­bakan nu geus diwariskeun sa­lila tujuh entragan.

Ti jaman bapana tepi danget ieu pisan, Tatang tacan kungsi bantuan, boh ti desa sok komo ti pamarentah Kabu­paten Ciamis. Padahal tina da­na desa geus aya posna keur ngabantuan ekonomi kreatif. Di Dinas Pariwisata apan aya bidang ekonomi kreatif. “Abdi teh hoyong mesin tempa, mung teu acan aya artosna,” ceuk Tatang.

Baca Juga: Bedog Barlen Mucunghul tina Tradisi di Cibeureum Tanjungsiang Jaman Belanda, Kiwari Aya Kahariwang...

NgaraNlengkepna mah Solahudin, ngan leuwih dipiwanoh ku nenehna: Pa Udin. Padumukunana di Pasirhalang Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Di lemburna kana maranggi geus ti taun 1980. Taun 1979 kungsi ka peuntas, nyieunan perah jeung sarangka bedog, sakalian ngajarkeun ka urang ditu.

Taun 1980 mulang ka lemburna sarta angger jadi maranggi, tepi ka danget ieu pisan. Ayeuna mah dibantuan ku anak cikalna, Ma’mun. Tempat digawena teh di tukangeun imah. Pa Udin merahan jeung nyarangkaan bedog lolobana nyumponan  nu pesen, anu pesenna mawa rankay bedog. Najan kitu, Pa Udin oge sok ngahaja nyarangkaan bedog keur jualeun deui, ngan tara tepi kadipasarkeun.

Anu rek meuli bedog ngahajakeun datang ka imah Pa Udin, ngilikan bedog nu geus jadi. Mun taya nu cop, upamana pedah ukuranana teu luyu jeung nu dipikahayang, sok pesen luyu jeung nu dipikahayangna, boh ukuran bedogna boh perah jeung sarangkana. Pa Udin mere jaminan ku nu meuli bedogna: mun seuseukeut bedog miley bisa dipulangkeun keur diomean.

Anu ngomeanana panday nu ngaproduksi bedog rangkay. “Simkuring mah ngical bedogna nu sae, ti panday nu tos kawentar produkna sae,” ceuk Pa Udin. Tina kituna tacan kungsi aya nu komplen, kaasup komplen kana kualitas perah jeung sarangka. Perah bedog aya nu bahanna kai, kai sonokeling, aya oge bahanna tanduk munding.

“Gumantung ka nu pesenna,” ceuk PaUdin nu dienyakeun ku Mamun. Upama nu pesenna hayang sarangkana tina bahan tanduk munding oge ditedunan. Boh nu bahanna tina kai boh nu bahanna tina tanduk munding, perah jeung sarangka meunang nyieun Pa Udin mah tembong hade pisan, herang, alus mun dipake hiasan teh.***  

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler