GALURA- Ketua Fraksi PKB DPR Dr. H. Cucun Ahmad Syamsurijal ngaapresiasi PAD Kabupaten Bandung taun ieu nu ngahontal Rp 1,2 triliun. Ngan, Cucun masih ngarasa hanjelu sabab masih loba potensi nu can kaguar.
Ketua Fraksi PKB DPR nyebutkeun PAD Kabupaten Bandung nu tacan dikali teh di antarana baè destinasi wisata nu aya di Pasirjambu, Ciwidey, Rancabali (Pacira). Ku sabab alesan objek wisatana dikokolakeun BUMN, lebah dieu PTPN, keur PADKabupaten Bandung leutik.
Ceuk Ketua Fraksi PKB DPR, Persetujuan Bangunan Gedung (PBG) dina Undang-undang Ciptaker èta hak daerah. “Ieu bisa dibadamikeun ku pemda (jeung PTPN) sangkan PAD Kabupaten Bandung leuwih ngaronjat,” pokna.
Baca Juga: Ku Tarèkah Disbudpar Kabupaten Bandung Kunjungan Wisata Undak 300 Persen
Baca Juga: Blangko KTP di Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung Kosong wae, Gagantina Suket
Baca Juga: Kapolda Jabar Ngarojong tur Siap Ngamankeun Kongres XXV PWI 2023 di Bandung
BUMN ceuk Cucun aya PNPB (Penerimaan Negara Bukan Pajak) ti Kementerian Kehutanan dan Lingkungan Hidup. “Upami dibadantenkeun sasarengan tiasa lah, " ceuk Cucun Ahmad Syamsurijal satutas reses di Desa Gajahmekar, Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Kemis (3/8/2023).
Ceuk Cucun, hasil tina hal eta dipake keur kapentingan masarakat nu keuna balukar tina ayana destinasi wisata. "Apanan masarakat sabudeureun èta keuna balukar sosial,” pokna.
Jalan, Cucun nyambung caritaanana, ulah tepi ka macet sabab jalan henteu rubak. Dina ngalegaan jalan masih kènèh ngandekeun pamarèntah kabupaten, provinsi, atawa pusat. “Hayu sasarengan upami destinasi wisata di Pacira hoyong maju," pokna deui.
Cucun nyebutkeun urang sakumna kudu paham ngeunaan tata kelola. "Bahaya upami urang ngawangun teu jeung aturan. Potensi lahanna nu tiasa digunakeun sabaraha persen? Ruang terbuka hijauna sabaraha persen? Kana aturan kedah tumut. Upami dirempak ruksak ieu alam, " ceuk Cucun.
Cucun miharep ulah aya kakuatan-kakuatan nu teu bisa keuna ku aturan. "Punten, punten, ulah dugi ka upamina urang gaduh kakuatan tiasa ngabangun ieu, waktu dipariksa aya anu di luhurna, dugi] ka teu tiasa diparios. Teu tiasa kitu. Simkuring, urang Kabupaten Bandung, badè ngadugikeun ngeunaan hal ieu di Jakarta (DPR RI), " pokna.
Cucun nandeskeun, alam kudu dijaga. "Memang destinasi wisata dibangun kanggo ngaronjatkeun paekonomian masarakat, tapi teu kenging ngaharè-harèkeun aspek-aspek katingtriman tur kaamanan warga di sabudeureunana," pokna. *** Sopandi