GALURA-Arya Permana Graha, urang Kuningan, kiwari gilig pikeun milu “tarung” dina pemilihan umum serentak taun 2014, ti Partai Persatuan Pembangunan (PPP) daerah pemilihan (dapil) X nyaeta Kabupaten Kuningan, Ciamis, Banjar, Pangandaran.
Samemehna, inyana milu aub dina pemilihan umum taun 2019 ti partai jeung dapil anu sarua, tapi harita mah teu kabiruygan jeneng jadi anggota DPR RI. Sanajan kitu, pikeun Arya henteu peunggas pangharepan.
Buktina, kiwari inyana sumanget ngamangfaatkeun lolongkrang meunang dina pemilu taun 2024 tea. Eta sanggeus DPP PPP ngusulkeun ka KPU RI jadi bakal calon (Baleg) atawa anggota DPR RI.
Baca Juga: Lulusan SMK Pertiwi Kuningan Rea Nu Sukses
Ceuk Arya, eta usulan teh hasil kaputusan DPP PPP dina bedah partai, kaasup nangtukeun daerah pemilihan. Kaparengkeun sakumaha anu dipikahayang dapil-na sarua reujeung basa pemilu seentak 2019.
Nya inyana ngusulkeun ka DPP PPP sangkan miang ti dapil X (Kabupaten Kuningan, Ciamis, Banjar, Pangandaran). Berekah, meunang restu pikeun nuluykeun lalakon sukses anu katunda.
Arya gilig pikeun ngarobah hasil luyu reujeung harepan atawa anu dipikahayang. Teu matak heran, lamnun kiwari keur ngaonjatkeun potensi diri dibarung niat mere kontribusi ka masarakat hususna di dapil X.
“Salah sahiji udagan mah masihan konribusi ka masrakat utamana di lembur. Margi im kuring lahir sareng diageungkeun di Kuningan,” ceuk Arya.***