Caah Dengdeng Narajang Pilemburan di Kuningan

25 Maret 2023, 21:51 WIB
Caah Dengdeng Narajang pilemburan /

GALURA-Caah dengdeng, narajang pilemburan Dusun Cilimus, Desa Jamberama, Kecamatan, Kecamatan Selajambe, Kabupaten Kuningan, Saptu, (25/3/2023), pasosore.


Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan ngalaporkeun, aya 12 imah warga di eta dusun anu kaancam. Taya korban jiwa tina eta kajadian.

Imah warga anu kaancam caah teh nyaeta imah bogana Soma,
Yayat, Rusta, Sanwidi, Sarjuni, Tardi,
Malih, Juhri, Kana, Ajo, Sarju jeung Adit.

Eta imah-imah warga anu kaancam perenahna di lingkungan RT 02,03,04 RW.05.

Editor: Ajun Mahrudin

Terkini

Terpopuler