Harepan Kulawarga, Jasa R Akip Prawirasuganda Suwargi Hadena Diangken ku Pamarentah

3 Maret 2023, 09:57 WIB
Kulawarga rundayan R Akip Prawirasuganda miharep jasa R Akip Prawirasuganda diangken ku pamarentah. /Nanang S/Galura

GALURA -Kulawarga rundayan R Akip Prawirasuganda miharep jasa R Akip Prawirasuganda diangken, babakuna ku pamarentah Provinsi Jawa Barat jeung pamarentah Kota Bandung. Di handap ieu surat ti kulawarga rundayan R Akip Prawirasuganda:

Dumasar kana pedaran nu kantos diperelekeun samemehna, kulawarga R Akip Prawirasuganda suwargi aya angen-angen nu seja didugikeun manawi wae aya anu merhartoskeun, ti pihak mana wae nu gumati kana jasa R Akip Prawirasuganda.

Di antiwisna, hoyong aya pangangken wireh dina zamanna, jasa R Akip Prawirasuganda kantos ngiring ngawarnaan kana ubyagna kabudayaan dina zaman awal kamerdekaan Indonesia.

Baca Juga: Bawaning Raket, Presiden Soekarno Nitip Buku Koleksina ka Akip Prawirasuganda

Baca Juga: Akip Prawirasuganda Marajian Lambang Provinsi Jabar, Moto Provinsi Jawa Barat jeung Moto Kodam Siliwangi

Cirenna kantos medalna buku jasa R Akip Prawirasugana, di antawisna Kaulinan Budak Urang Cilamaya; Upacara Adat di Pasundan terbitan Sumur Bandung.

 

Kajaba ti eta kantos ngadamel buku pelajaraan Bahasa Jawa Kuno, nalungtik basa Kawi Sangsekerta nu engkena janten tatapakan panulungtikan langkung gemet sacara akademik di paguron-paguron luhur di Bandung.

Nami “Jalan Cilamaya” nu aya di wewengkon Gedong Sate Bandung, eta mangrupi yasa R. Akip Prawirasuganda kalayan kasaluyuan Ir. Sukarno Presiden RI waktos harita.

Pon kitu deui nami “Kolam Renang Karang Setra”, R. Akip Prawirasuganda ngiring aub masihan saran ka Ir. Sukarno dina waktos seja nganamian kolam renang nu aya di Jalan Sirnagalih Gegerkalong.

Teras perkawis logo sareng moto Kodam Siliwangi ‘Esa Hilang Dua Terbilang’ lajeng logo sareng moto Provinsi Jawa Barat, R. Akip Prawirasuganda kalebet tim nu ngiring narumuskeunna.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Hiji deui, perkawis namina kantos janten nami jalan nya eta ‘ Jalan Akip Prawirasuganda’ ; nu aya di daerah protokol Bandung, hoyong aya deui, tapi tangtosna teu kedah ngarobih jalan nu ayeuna nu atos ditetelakan ke kawijaksanaan nu gaduh wenang saatos Ir. Sukarno lengser.

Bawiraos, wios degentosan ku jalan sanes nu kirang langkung sami sareng jalan nu ngagentos Jalan Akip Prawirasuganda.

Naon-naon nu dugikeun di luhur, ieu mangrupi angen-angen kulawargi R. Akip Prwirasuganda, janten perkawis bade aya ‘nu nindak lanjuti atanapi moal’ mangga nyanggakeun kanu gaduh wewenang we.

Nu peryogi diutamikeun, laukna benang caina herang. Teu aya rambat kamelana boh kaditu boh kadieu.

Rupina sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, mugi ngamaklum.
Teundeun dihandeuleum sieum tunda dihanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun.*** Kulawargi Rundayan almarhum Akip Prawirasuganda

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler