Cek PP Muhammadiyah, 1 Ramadhan 1444 Hijriah 23 Maret 2023, Ieu Sihoreng Alesanna

1 Februari 2023, 13:30 WIB
1 Ramadhan 1444 Hijriah cek PP Muhammadiyah tanggal 23 Maret 2023 /muhammdiyah.or.id/

GALURA - Jauh keneh saenyana mah bulan puasa atawa Ramadhan 1444 teh.

Ngan najan kitu, PP Muhammadiyah mah geus ti beh dieu keneh netepkeun iraha derna bulan puasa atawa 1 Ramadhan 1444 Hijriah.

Ecesna, netepkeun poean mimiti asup ka bulan puasa atawa 1 Ramadhan 1444 Hijriah teh, PP Muhammadiyah dina poe Salasa kamari, sakumaha nu diwartakeun ku Antara.

Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Baca Juga: Bedog-Bedog Kakoncara ti Tatar Sunda, Dijieun Teu Dapon, Pandayna Kudu Bari Puasa

Baca Juga: Nugaskeun Tb. Hasanuddin, PDIP P Siap Ngadeudeul Pasanggiri Penca Tradisional

Iraha itungan PP Muhammadiyah di nagara urang mimiti asup ka bulan puasa?

"1 Ramadhan 1444 Hijriah poe Kemis Pon, 23 Maret 2023 Masehi," cek pimpinan pusat (PP) Muhammadiyah dina suratna nu diteken ku Wakil Ketua jeung Sekretaris Majelis Tarjih sarta Tajdid PP Muhammadiyah, Oman Fathurahman jeung Mohammad Mas'udi.

Dijentrekeun, dumasar hisab hakiki wujudul hilal nu madoman ka Majelis Tarjih jeung Tajdid, umur bulan Syakban 1444 Hijriah ayeuna ngan 30 poe.

Baca Juga: Ngudag Target Pajeg, Bapenda Majalengka tepi ka Bubulusukan Ngadistribusikeun SPPT PBB ka Desa jeung Kalurahan

Ku kituna, tanggal 1 Ramadhan 1444 Hijriah atawa waktu dimimitianna puasa taun ayeuna, poe Kemis Pon tanggal 23 Maret 2023 Masehi.

Samemehna mah rea nu naksir, yen puasa taun ayeuna dimimitian poe Salasa  21 Maret 2023, sabab bulan Syakban ayeuna lumangsung 29 poe.

Ngan dumasar kamandang PP Muhammadiyah nu gemet, dina poe Salasa 21 Maret 2023, ijtimak Ramadhan 1444 acan kajadian. Ijtimak teh jadina karek isukna, Rebo 22 Maret liwat tengah peuting.

Baca Juga: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung Méré Luang Cara Ngamankeun Arsip Kulawarga

 

Sajaba ti netepkeun 1 Ramadhan 1444 Hijriah, Majelis Tarjih jeung Tajdid PP Muhammadiyah geus netepkeun 1 Syawal 1444 H jeung 1 Zulhijah 1444 H.

 

"Tanggal 1 Syawal 1444 Hijriah dina poe Jumaah Pahing, 21 April 2023 Masehi," cek PP Muhammadiyah.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA

Tags

Terkini

Terpopuler