Ari budak, ngajawabna, milih ku nu cop kana haténa, maksudna, milih nu mana? Nu ku manéhna dianggap bageur atawa béréhan? Cohagna mah, tawanan moal milih, nu judes. Upamana budak, ngucapken: “béntang!” Si budak, dileupaskeun, tuluy sina nangtung tukangeun Éwi.
Barudak sakola désa gé, arulin Sluip Door. Tapi, maranéhna teu barisaeun basa Walanda, da lain murid Kleuterschool atawa HIS. Ngan, barudak padésaan gé, ari ngamaénkeun gerakan Sluip Door mah, babarieun, tuda ukur paantay-antay. Atuh, ngahaleuangkeun lagu Sluip Door, barisaeun deuih, da wirahmana parondok.
Ngan, beu édas, lebah, ngéjah rumpakana nu dina basa Walanda, maranéhanna teu bisaeun. Tah, antukna, rumpaka dina tembang basa Walanda téh, robah, disaluyukeun jeung létah urang Sunda. Jadi kieu: “Slepdur..! Slepdur! Ki Mantri maan dedur! Delap depan.. depan .. deduuur! cenah. Kitu deui, murid-murid sakola désa di Jawa Timur, ngararobah rumpaka Sluip Door, jadi: “Slekdur..! Slekdur..! Trimantri dahar bubur…” jeung sajabana.
Antara kaulinan Sluip Door, Oray-Orayan, jeung Oray Naga, aya nu sarua, lebah makna rumpakana. Geura na rumpaka Oray - Orayan :”Oray-orayan.. Oray Naon?.. Oray Dipa! Dipa naon?... Dipandeuri..ri..! ri..! ri! cenah.
Na rumpaka Oray Naga: “Ular naga panjangnya, bukan kepalang, melingkar-lingkar kian kemari, umpan yang lezat, itulah yang dicari, ini dianya, yang dibelakang! Tilu kaulinan téh, sarua sasaranna, nyéta néwak budak nu pandeuri.
Jadi saha nu kailhaman ti heula, naha Sluip Door? Nu nurutan Oray-Orayan jeung Ular Naga? Atawa, Oray-Orayan jeung Ular Naga, nu kailhaman ku kaulinan Sluip door? Tacan jentre. ***