Ngigelan Sasalad Korona, tina Usaha Roti kana Tani Saledri, Hasilna Mucekil

- 28 Februari 2023, 05:57 WIB
Mang Dédih (ditopi), bareng jeung babaturanana, waktu panén salédri di kebon meunang nyéwa, di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.*
Mang Dédih (ditopi), bareng jeung babaturanana, waktu panén salédri di kebon meunang nyéwa, di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.* /Rameli Agam/

GALURA - Sasalad korona nu tumiba di nagara urang jero taun 2020 tepi ka 2022, ngabalukarkeun loba nu arusahana tingjarungkel.

Kaasup parapangusaha roti, teu saeutik nu ganti pakasaban alatan nyirorotna iklim usaha balukar sasalad korona.

Ieu carita kajadian dina mangsa nagara urang keur meumeujeuhna genting alatan sasalad korona.

Harita, kira wanci haneut moyan, poé keur hadé. Mapay lembur, mapay kebon, ngararasakeun segerna hawa, bari itung-itung olahraga gerak jalan. 

Pabeubeurang, bras ka pakebonan. Kasampak nu keur panén saledri. Uluk salam, milu reureuh di saung maranéhanana.

"Alhamdulillah, muhun ieu salédri, keur panén. Sakabéhna aya tujuh garit, ieu nembé ngeureuyeuh tilu garit,” pokna.

Harita téh manéhna dibaturan ku babaturanana, duaan.

Tah, manéhna téh Mang Dédih (48).

Baca Juga: Lomba Pramuka Tingkat 3 Kabupaten Bandung Barat, Wadah Ngawujudkeun Generasi Pancasilais

Teureuhna mah ti Sukabumi, kiwari dumuk di Kampung Karangsari RW 03, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Saméméhna, kasab maneuhna téh ngeureuyeuh kana nyieunan roti.

“Ti saprak sasalad korona, kira ahir Maret 2020, geuning usaha kana roti gé nya kitu keuna pangaruhna. Nu biasana sapoé téh ngahasilkeun sarébu roti, bet laju ngagejrét jumlahna. Éta gé ayeuna kana roti masih tetep dikeureuyeuh, ngan teu unggal poé kawas méméh aya sasalad,” ceuk Mang Dédih.

Pikeun ihtiar sangkan dapur tetep ngebul, nya manéhna banting setir, nyoba usaha kana tani, melak salédri téa. 

Demi lahanna mah meunang nyéwa, lahan sakotak ukuran kira 10 méter x 25 méter, jadi tujuh garit. 

Nyéwana téh Rp 600 rébu sataun. Aya ku hadé, bubuhan tiis leungeun, tartib miara, salédrina mulus hadé.

Atuh harita téh pas meneran panén ogé hargana keur ninggang di alus.

Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

"Alhamdulillah, mimiti melak téh dua bulan ka tukang. Ayeuna lagu panén, salédri dihargaan Rp 10 rébu sakilona. Tina sagarit aya sakintal mah. Mun sakabéhna tujuh garit, nya hasil tujuh kintal. Sakilo salédri téh diwengku lima beungkeut,” ceuk Mang Dédih.

Urang utang-itung, nya, sakumaha pihasileunana tani salédri téh. 

Modal ongkos produksi ti mimiti meuli binih, pupuk, obat hama, jeung sajabana, éta téh Rp 3,5 juta.

Ti mimiti melak ka panén kira dua bulan. Ayeuna salédri manéhna dihargaan Rp 10 rébu sakilona.

Aya tujuh garit, sagarit hasil sakintal, hartina sakabéhna ngahasilkeun salédri tujuh kintal.

Geus sidik tah meunang tujuh juta. Atuh manéhna beubeunangan Rp 3,5 juta.

Enya kitu? Mang Dedih ukur seuri, bari tuluy pok baé, “Nya, kira-kira sakitu. Da ongkos gawé mah teu diitung, da dikeureuyeuh ku sorangan, dibantu ku babaturan. Alhamdulillah, aya hasilna. Moga waé sasalad korona teu katutuluyan, paékonomian nguniang deui. Tos salédri mah, sugan rék nyoba melak nu séjén, rencana mah kana brungkol,” pokna.***

Baca Juga: Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah