Koran di Chicago Ngamuat Foto Jurig Wanoja dina Tetengger di Pajaratan Bachelors Grove, Kungsi Geunjleung!

- 20 Februari 2023, 15:30 WIB
Jurig awewe di makam ngageunjleungkeun Amerika Serika/Foto Judy Hoff tina livescience
Jurig awewe di makam ngageunjleungkeun Amerika Serika/Foto Judy Hoff tina livescience /

Nurutkeun eta sumber, di makam Bachelor's Grove saeutikna aya 100 carita jurig kaasup cahaya aneh jeung carita supernatural sejen nu teu kahontal ku akal jeung kabeneran bisa didokumentasikeun.

Cek eta sumber, dina taun 1950-an, warga kungsi kawenehan mireungeuh imah para patani di sabudeureun pajaratan. Ngan sabada warga ngadeukeutan eta imah, ngagadak ilang teu pupuguh. 

Aya oge nu kawenehan ningali jurig kuda jeung patani --nu cenah mangsa hirupna aya nu nelasan di sabudeuran hiji balong, teu jauh ti pajaratan. Sarua eta oge, basa dideukeutan, ngagadak leungit teuing ka mana.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Warga sejen, taun 1940-an nu pareng keur mawa kandaraan deukeut pajaratan mangsa peuting kungsi kawenehan ningali mobil jurig gaya "gangster" nu nembongan ngadadak, tapi ngaleungitna oge ngadadak.

"Warga sejen ngaku kungsi nabrak hiji mobil di tikungan jalan. Warga tea ngarasa yen mobilna diadu. Ngan sanggeus mobil eureun, mobilna teu ruksak, jeung mobol nu katabrakna ge leungit," cek livescience.***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah