Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

- 18 Januari 2023, 09:18 WIB
Sambel cibiuk. Aya folklor nu nyaritakeun sambel cibiuk bisa meruhkeun onta mogok, onta nu mugen embungeun neruskeun lalampahan.*
Sambel cibiuk. Aya folklor nu nyaritakeun sambel cibiuk bisa meruhkeun onta mogok, onta nu mugen embungeun neruskeun lalampahan.* /

GALURA –Anu ngaranna sambel cibiuk, tétéla geus mashur ti béh ditu kénéh. Ti jaman jamaah haji jarah ti Mekah ka Madinah, make kénéh onta.

Aya dongeng turun tumurun (folklor) nu nyaritakeun sambel cibiuk bisa meruhkeun onta mogok, onta nu mugen embungeun neruskeun lalampahan, hese pisan diolona sina leumpang.

Kieu cenah dongéngna: Hiji jamaah haji urang Cibiuk, indit ti Mekah ka Madinah kana onta. Ditungtun ku Badewi nu boga onta bari tuduh jalan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (1)

Na ari di lebah Rabig, tempat antara Mekah-Madinah. onta ngadat. Embung maju. Digebugan ku pecut, anggur ngedeprek. Nu tumpakna inget kana bebekelan.

Bebekelanana teh salian ti sangu jeung deungeunna, aya sambel sabungkus, sambel cibiuk nu bungbunna ngahaja mawa ti lembur. Tuluy dicokot.

Hég ngageroan Badewi: “Héy Badewi, ieu eusi bungkusan taplokkeun kana bujur onta, ké ari kuring geus diuk jeung nyekelan kadali.”

“Aiwah,” Baduwi ngaenyakeun.

Baca Juga: Guha Pawon Kakoncara, Endah tapi Aheng, Kungsi Kapanggih Rorongkong Manusa Purba

Geus nu tumpak tarapti, Baduwi nyingklakeun buntut onta. Plok sambel kana bujur onta, onta ngagurubug. Tétéjéh. Geus kitu, ber lumpat. Taya tapak-tapak mogok.

Badewi reuwas ningal ontana mabur. Kumaha nyusulna? Rét kana bungkusan. Aya eusian sadungkuk deui. Teu tata pasini, éta sésa sambel dikeduk ku leungeun kéncana.

Leungeun katuhuna nyingsatkeun gamis. Plok sambel kama bujurna. Ber Baduwi lumpat tarik nepi ka ontana kasusul.

Onta di Gurun Pasir Mekah. Dina folklor di Cibiuk, sambel cibiuk bisa ngalantarankeun onta nu ngedeprek mugen narah leumpang, ku sambel cibiuk ngadadak lumapt ngabelesat.*
Onta di Gurun Pasir Mekah. Dina folklor di Cibiuk, sambel cibiuk bisa ngalantarankeun onta nu ngedeprek mugen narah leumpang, ku sambel cibiuk ngadadak lumapt ngabelesat.*

 

Beuki sohor
Beuki dieu sambel cibiuk geus beuki sohor. Nyebar di sakuliah Nusantara. Didagangkeun di réstoran-réstoran badag. Najan rupa atawa warna (malah rasa) béda ti sambel cibiuk asli, tapi pada nganggap sambel cibiuk baé.

Nu penting, sambelna aya lada, da loba nu teu nyahoeun nu kumaha sambel cibiuk nu asli.

Baca Juga: Guha Pawon, Rebuan Lalay, Aya Nu Leueur jeung Bau, Manehna Surti...

Ceuk sababaraha kaol nu bisa dipercaya, sambel cibiuk téh hasil karya Syekh Jafar Sidik, hiji ulama nu nyebarkeum Islam di pakaleran Garut, abad ka-19.

Katelah ku sebutan Embah Wali, lantaran kalungguhanana satata jeung para wali séjénna nu nyebarkeun Islam. Katelah deuih ku julukan Sunan Haruman.

Pangna dijulukan Sunan Haruman, duméh makamna di léngkob Gunung Haruman, Désa Cipareuan, Kecamatan Cibiuk, Kabupaten Garut.

Embah Wali jumeneng sajaman jeung Syékh Abdul Muhyi, Pamijahan, Kabupaten Tasikmalaya. Malah "saguru saelmu".

Ku kituna, nu jarah ka Sunan Haruman sok sapakét jeung jarah ka Pamijahan.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Dina nyebarkeun Islam, Embah Wali ngadegkeun masjid di pakampungan nu aya di tengah-tengah pilemburan sejenna. Ambéh gampang dijugjug ti ditu ti dieu.

Nepi ka ayeuna, patilasan masjid Embah Wali, katelah "Pasantrén Tengah".

Eusi dawah Embah Wali ngawengku pamahaman ngamalkeun élmu, kamajuan ékonomi, kaahlian nyieun kuliner sambel, jeung miara lingkungan.

Eta warisan dawah Embah Wali, natrat nepi ka kiwari. Réa santri teureuh Cibiuk, nu jadi kiyai jumhur tur mashur. Di antarana K.H. Drs Abdul Fatah Gazhali, S.H. alias Pa Totoh (1940-2000).

Pa Totoh dina dawahnya sok maké basa Sunda bae, nelah anjeunna “Ajengan Padésaan”, meureun dianggap basa Sunda dipakena di padesaan wungkul.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Fenomenal
Tina riwayatna sambel cibiuk teh warisan fénoménal Embah Wali Jafar Sidik, nu ayeuna geus “go public" jeung jadi mérek dagang (trade mark).

Dina dawahna, Embah Wali sering nyutat ayat Quran, S.Al-Maidah ayat 2: ta-awanu alal birri wat taqwa nu hartina: gawé babarengan dina kahadéan jeung takwa.

Ku Embah Wali, ta-awanu alal birri wat taqwa diwujudkeun dina sambel. Naha? Sambel teh conto hadé gawé bareng dina kahadéan jeung takwa.

Céngek, tarasi, uyah gula, bawang, tomat, surawung, gulet gahiji pikeun ngahasilkeun rasa pelem. Ngeunah. Nimat. Nungtung kana takwa. Taat kana paréntah Alloh, sakaligus nyingkahan sagala nu dilarangNa.

Baca Juga: Sunan Margataka Prajurit Pinilih Pajajaran Jadi Santri di Gunung Jati Cirebon

Dina dahar jeung nginum, dimimitian ku ngucapkeun jenengan Alloh. Bismillahirrohmanir rohim.

Diteruskeun pamenta sangkan nu didahar kalawan asma Alloh, ngandung kaberkahan rejeki, sarta ditangtayungan tina siksa naraka. Allohumma bariklana fi ma rozaktana wa qina adzaban nari.

Réngsé dahar, muji Alloh SWT: Alhamdulillahi Robbil Alamin. Alhamdulillahi ladzi ath'amana wa saqona wa ja'alna Muslimin.

Sagala puji kagungan Alloh Nu Ngawasa Alam. Sagala puji kagungan Alloh, nu tos maparin abdi sadaya katedaan jeung inuman, sarta ngajantenkeun abdi sadaya jalmi Muslim.

Tina kituna sambel cibiuk nu nyoko kana ayat ta-awanu alal biri wa taqwa henteu dipidamel langsung ku Embah Wali nyalira. Tapi nugaskeun ka putra istrina, Éyang Fatimah.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Kajaba uyah jeung tarasi, bahan-bahan pisambeleun dipakayakeun ku sorangan. Céngék, bawang, surawung, tomat, dipelak di sisi balong pipireun bumi Embah Wali.

Gula tina lahang tangkal kawung nu jaregjeg di tukang buruan tukang, paselap jeung rupa-rupa kakayon.

Tina kakayon-kakayon téh barijil cinyusu nu penting pisan pikeun susuci (toharoh). Para santri diwajibkeun miara jeung ngajaga sakabéh kakayon nu dipelak di sabudeureun pasantrén, sangkan jadi sungapan cinyusu nu tara saat.

Alhasil, sambel cibiuk téh ngandung sajarah, ajaran dawah Islam, jeung ngariksa alam lingkungan.

Kaasup jadi sumber dongéng, bujur Badewi ditaplokkan sambel, basa ngudag onta kabur nu sarua alatan bujurna ditaplokan ku sambel. Sambel teh bisa ngalantarankeun onta jeung Badewi lumpat tarik.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah