Ti barang ngayun tepi ka ninggur teu beda jeung lalaki ngadeukeutan parawan. "Tah, ti barang urang neukteuk leungeun kawung, urang teh lir geus jadian, malah geus kawin," ceuk Uri.
Sanggeus jadian oge tukang sadap angger kudu ngestokeun tata-titi peryoga. Mun rek indit paling henteu ngucapkeun asma Alloh, kitu deui rek naek kana sigay.
Sigay dijieun tina awi leunjeuran. Titincakanana puhu regang awi nu henteu diteukteuk kabeh, aya oge sigay nu kawas taraje.
Rek ngalaan lodong jeung nerapkeun lodong, isuk-isuk jeung sore, oge ngucapkeun heula asma Alloh: bismillah.
“Tong wani-wani make seuseungitan mun rek nyadap mah,” ceuk Uri.
Najan dipapandekeun kana parawan jekekan, tangkal kawung teu resepeun ka tukang sadap nu make seuseungiteun jeung teu resepeun tukang sadap make pakean nu ginding.
Anu oge kudu diestokeun: rek nyadap teu meunang bari boga kakeuheul. Komo keur ambek ka pamajikan mah, dipahing pisan.
Mun keur pasea jeung pamajikan, rek nyadap mah kudu dijanglarkeun. Kudu akur heula jeung pamajikan.
Upama tukang sadap rek neang legen, heg make seuseungitan alamat legenna bakal saat. Kitu deui mun nyadapna bari ngemu kaambek atawa kaheuheul.