Seni Beluk nu Ngaburahol

16 Januari 2024, 16:47 WIB
Pintonan seni beluk. /

GALURA.CO.ID -Jaman keur budak, taun 1950-an, di lembur aya tukang  maca wawacan. Sok kaogan dina kariaan sunatan, atawa hahajatan di nu ngajuru. Ngaranna teh Aki Sadun. Najan tara tamat, mindeng nembangkeun dangding tina wawacan”Rengganis”,”Purnama  Alam”,”Panji Wulung”, “Samaun”,”Pua-Pua Bermana Sakti”, jeung sajabana.

Juru alokna, Amang Hasan. Nyetél dina “beluk” jeung dina bobodoran. Matak lamun hahajatan, papada hayang nanggap Aki Sadun jeung Amang Hasan. Ngan ongkosna rada undak. Pedah nembangna sok ditambahan lagam  beluk nu “ngelewung”. Ongkoh deuih apan sapaket lain ukur nanggap Aki Sadun.

Susuguhna sok dipupujuhkeun. Salila nembang, dahareun tara orot. Opak, ranginang, bugis, peuyeum ketan, jeung rea-rea deui. Diwuwuh cai kopi jeung udud roko bodas atawa kéréték.  Lamun susuguh béak,  tukang beluk sok nyindiran nu boga hajat, teu beda dina pagelaran seni sejenna, ngarah susuguh diasongkeun deuih.

Baca Juga: Komunitas Seni Kaligrafi Huruf Arab Ariadimas

Kawas hiji waktu di nu  nyunatan. Amang Hasan “ngabiskalan” atawa nganmimitian, mere “umpan” ceuk basa Indonesia mah. Ngagalantangkeun padalisan nu rék dibelukkeun ku Aki  Sadun. Pedah susuguh geus sisip, geus rek beak. Duanana sapuk menta susuguh deui, ngarah tempat susuguh pinuh deui.

Ceuk Amang Hasan :

“Kangjeng Raja pok ngandika”

Goar Aki Sadun beluk. 

“Kangjeng Raja murak bibika....aaaa....aaaa....”

“Hé sakabéh para mantri,”ceuk Amang Hasan.

“Hé sakabéh tukang surabi.........iiii.....iiiii....”Aki Sadun beluk.

“Urang  susul gancang-gancang.......”

“Urang susul tukang bacaaa....aaaaa......ang......

“Bapa maling anu kabur”

“Odading reujeung baji.....ji....ji....guuuurrr.....

Nu di dapur surti. Gancang wadah susuguh, dipinuhan deui. Malah aya émbohna. Bangkerok atawa onggér ketan sakatél badag mani ngerak. Tukang seni mun manggung dina hajat, cara nyindiranana beda deui, dina wayang upamana make Si Cepot atawa juru alok, mun keur ngengklokan sinden atawa Si Cepot.

Kungsi aya béja, duét Aki Sadun jeung Amang Hasan, ngalaman kawiwirangan keur beluk ngawawacan di nu kariaan.    Bérés salat isa harita téh. Aki Sadun cengkat. Gap kana calana sontog nu ngalumbruk deukeut panto tajug. Teu  rap dipaké da rusuh geus aya nu nyusulan, kudu gancang ka imah nu kariaan.

Calana sontogna ukur disampaykeun we kana taktak. Barang jol, horéng geus nyampak Amang Hasan, siap ngabiskalan.  Geus barangopi, der wawacan dimimitian. Aki Sadun sumanget pisan, duméh nenjo susuguh pepek kacida. Komo bari nyangigirkeun cikopi satéko badag. Amang Hasan oge teu éléh segut.

Tapi lila-lila nu lalajo, ngariung nu maca wawacan di tengah imah, rada moyég. Tingtaroél bari nunjuk-nunjuk. Sawaréh narungkupan baham. Nahan seuri. Aki  Sadun jongjon mesat sora bari peureum beunta. Pangrasana nu moyég téh katajieun, nambahan samanget keur ngetrukeun kamampuhanana.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngawanohkeun Seni Badawang jeung Wayang Golek di PWI Pusat

Béda deui Amang Hasan mah. Panasaran, panénjona nuturkeun nu tutunjuk. Rét ka lebah suku Aki  Sadun nu diukna sila tutug. Sampingna nyinglid. Ari kolor sontog nu tadi nyampay dina taktak murag. Ngalumbuk kadiukan. Amang Hasan kabawakeun seuri keom bari jeung parada kituna, najan lain kaalaman ku dirina.

“Paingan jelema tingcalengir. Da éta bobogaan Si Aki  ngaburahol,”Amang Hasan gogodeg. Kumaha ngabéjaanana, sangkan  tong sila tutug jeung samping ulah nyéngléd. Manggih wé akal. Tas ngabiskalan “Kangjeng Raja pok ngandika”,nu terus dibelukkeun ku Aki Sadun, Amang Hasan ngaharéwos “Éta aya nu ngaburahol”.

Samaruk Aki Sadun “éta aya nu ngaburahol” téh biskalan, nu kudu dibelukan deui ku dirina, teu engeuh kana maksud Amang Hasan nu ngabejaan boboganana milu masamoan. Atuh  tas ngabelukkeun “Kangjeng  raja pok ngandika” langsung baé ku Aki Sadun dibelukkeun: “Éta aya nu ngabu.....bu...bu...ra...ra...ra...ho...hol...hooool !”

Ger atuh nu ngadéngékeun surak bari tingbarakatak, pating arakey seuri, mani aya ciramba cimata sagala, kituna bari tutunjuk ka lebah Aki Sadun. Amang Hasan oge ukur bisa nyengkek seuri. Ari Aki Sadun mah bungah amarwatasuta, sabab saumur hirup beluk jeung ngawawacan, kakarék aya nu surak  samodél kitu.

Tembang surupan luhur

Tepi taun 1990-an di sawa­tara wewengkon masih kapireng, masih kajeueung aya pidangan seni beluk, dina mangsa kiwari seni beluk masih di sababaraha wewengkon masih hirup ngan teu hurip, alatan éta kasenian arang ditanggap. Mangsa bihari jeung kamari seni beluk sok ditanggap dina acara sukuran anu orokan.

Ilaharna waktu orok umur opat puluh poé. Di sababaraha wewengkon mah nu hajat sunatan oge sok nanggap beluk. Dipi­dangkeunna di tengah imah anu boga hajat, ngampar, kawas nanggap pantun, nu lalajona sarila mun  lalaki, awewe mah emok. Aya ogé anu dipidangkeun di panggung, dina balandongan.

Beluk teh seni sora, mi­dangkeunana kawas tem­bang Sunda, atawa  mamaos: ha­leuang anu teu kauger ku wiletan, rumpakana maké padika pupuh. Nu matak dina beluk, juru belukna sok nembangkeun wawacan: carita dina bentuk pupuh; asma­ran­dana, dangdanggula jeung sajabana. 

Aya sababaraha pamanggih para inohong karawitan ngeunaan beluk. Ceuk Enip Sukanda suwargi beluk asal kecap tina meluk: ngahaleuang kalawan surupanna luhur, sarta maké reureueus (ornamén) anu ngaleu. Atik So­pandi nétélakeun beluk pidangan seni sora anu merdika, sumber rumpakana nyoko kana pupuh. 

Dina ensiklopédia Sunda, nu disebut seni beluk teh seni sora dina wangun tembang atawa ma­maos, anu maké surupan luhur. Sawirahma jeung éta, istilah beluk ceuk Kamus Umum Basa Sunda amu dipedalkeun ku LBSS: tem­bang buhun, anu leuwih ngutama­keun tarik jeung ngaleuna sora.

Ceuk Nano S, beluk asal kecap tina eluk: seni sora anu loba elukanna, tur seukeut, dina harti tarik sarta réa léotanna. Ari ceuk Oyib Sujana beluk asal kecap tina celuk, anu hartina ngagentraan tarik ti kajauhan.Lebah dieu, ka­ma­­heran juru beluk dina ngulin­keun sora diperelukeun pisan, salain ti tapis di nembangkeun pupuh.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler