Kaayaan Nagara ti Leuweung Dukuh Desa Jagabaya, Aman?

23 Januari 2023, 09:33 WIB
Di Desa Jagabaya, Panawangan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat aya Leuweung Dukuh nu mindeng dipake totonden kajadian nu matak ngageunjleungkeun di nagara urang. /

GALURA -Leuweung Dukuh di Desa Jagabaya, Panawangan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat mindeng dipake totonden kajadian nu matak ngageunjleungkeun di nagara urang.

Desa Jagabaya jeung Leuweung Dukuh, ti puseur dayeuh Kabupaten Ciamis anggangna moal kurang ti 40 kilometer.

Sisimpangan ka Desa Jagabaya jeung ka Leuweung Dukuh di Pasar Panawangan nu kaliwatan ku jalan nagara Ciamis – Cirebon. Mun holna ti Ciamis mah mengkol ka katuhu, ka beulah wetan.

Baca Juga: Lauk Betrik jeung Tutut Oleh-Oleh Caah Ci Keruh

Jalanna mudun, pungkal-pengkol, lantaran pernahna di lengkob. Ti Pasar Panawangan ka Desa Jagabaya jeung ka Leuweung Dukuh kira-kira 3 kilometeran.

Ti tapel wates jeung Desa Panawangan, jalan teh ngidul. Teu hese neanganana, lantaran dina lawang saketengna luhureun jalan kabupaten ngajeblag tulisan Selamat Datang di Desa Jagabaya.

Ti dieu jalan teh ngetan deui, angger mudun. Beak pudunan, bangunan Bale Desa Jagabaya nu nyanghareup ngulon, peuntaseunana masjid jami, gigireunana Leuweung Dukuh.

Muharaman
Unggal tanggal 1 Muharam, taun anyar Islam di Leuweung Dukuh maneuh dilaksanakeun hajat bumi.

Baca Juga: Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

Ritual hajat bumi nu dilaksanakeun 1 Muharam teh saenyana mah milangkala Desa Jagabaya. Taun 2023 ayeuna, Desa Jagabaya umurna geus 405 taun.

Ngadegna Desa Jagabaya teh 1 Muharam 1041 H atawa 1641 Masehi. Dina ieu tanggal di Leuweung Dukuh ngariung tokoh pulitik dina jamanna, babakuna nu nyekel pamarentahan: para dalem.

Jejer gempunganana teh dina raraga syiar Islam. Para dalem diajar agama Islam, guru agamana Mbah Kiyai.

Jaman harita wewengkon Kawali jeung sabudeureunana geus asup ka bawahan Cirebon.

Ti saprak Pakuan Pajajaran taun 1579 runtag alatan dihuru ku Banten jeung Cirebon, wewengkon urutna aya nu disebat Galuh Pakuan nu puseur dayeuhna di Kawali jeung Galuh Pajajaran nu puseurna di Bogor.

Baca Juga: Putri Anjungsari (5)

Galuh Pakuan saterusna dibagi dua. Kuloneun Ci Muntur angger dikawasa ku Galuh Pakuan, ari kalereun Ci Muntur asup ka Cirebon.

Pikeun nyebarkeun agama Islam, urang Cirebon neangan tempat kosong keur pidukuheun, lembur anyar.

Cirebon ngutus Muncang Pandak sina neangan tempat nu deukeut jeung Kawali. Muncak Pandak dumuk di Cinyasag. Taun 1632, Galuh Pakuan geus diislamkeun.

Dina taun 1641 atawa taun 1041 Masehi, Adipati Puteran ti Sukapura ngajak ngariung.

Adipati Puteran nu saterusna dilandi Jagabaya ngagelar gempunganana teh di Pasir Dukuh atawa baheula mah disebut Pasir Dudukuh.

Baca Juga: Ngaran Bangunan jeung Tempat di Sunda,  Dumasar kana Kaayaan Bangunana atawa Tempatna

Para Dalem nu diajak gempungan teh di anatarana Undakan Langensari (Galuh Pakuan), Dalem Panjalu, Dalem Kuningan, Dalem Nyilih, Buyut Bugel, Patra Laksana, jeung Dipa Wati.

Dibentuk wae pamarentahan make titincakan tri tangtu di bumi: guru, ratu, wong atua karo dina tanggal 1 Muharam 1041 Hijriah.

Anu jadi guru: Mbah Kiyai nu ngajarkeun agama Islam; ratuna: Jagabaya; ari wong atua karo: Jaga Dita nu saterusna ngababakan di tutugan Pasir Dukuh.

Pikeun pangeling-ngeling gempungan bieu, masarakat Desa Jagabaya unggal 1 Muharam ngagelar hajat bumi nu dipuseurkeun di Leuweung Dukuh.

Baca Juga: Ci Manuk Kuring, Ci Manuk Dikakaya, Tinggal Hariringna

Leuweung Dukuh teh patilasan atawa makam luluhur Desa Jagabaya nu mimiti ngababakan di dinya: di makam atawa patilasan Jaga Dita.

Kaayaan Leuweung Dukuh, boh tatangkalna boh caina dipake totonden kana kaayaan nagara atawa wilayah, Ciamis, Jawa Barat jeung Nasional.

Totondenna teh: mun tangkal kaina aya nu rungkad jeung cinyusuna saat kila-kila kaayaan Kabupaten Ciamis, Jawa Barat jeung Nasional pikahariwangeun.

Sababaraha poe memeh Gerakan 30 September (G30S) PKI taun 1965 jeung reformasi taun 1998, di Leuweung Dukuh aya kai nu rungkad.

Kumaha kaayaan Leuweung Dukuh ayeuna? Ceuk urang Desa Jagabaya masih keneh weuteuh jeung cinyusu ngocorna gede keneh. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler