Meureun ku sabab teu sanggupeun nebak waragadna, tamu bieu henteu datang deui ka Sanggar Bebegig Baladewa. ”Mung ngadangu aranjeunna nyewa topengna wungkul,” ceuk Rangga Aryanto, sarua ti Sanggar Bebegig Baladewa.
Beh dieu saheng, babakuna sanggeus aya dina youtube, aya nu nyeples Bebegig Sukamantri dina helaran budaya di Kabupaten Majalengka, bari ngaranna Buta Arega.
Puguh wae urang Sukamantri, jeung babakuna sanggar bebegig nu aya di Desa Sukamantri ngagurubug, sok sanajan dina Buta Arega waregu diganti ku daun kadaka. Kawasna pedah neangan daun waregu.
Sabada rame, ceuk Cucu sarta dienyakeun ku Rangga, nu kungsi nanyakeun harga pintonan Bebegig Sukamantri, datang deui ka Sanggar Bebegig Baladewa.
Arinyana sundak-sanduk menta dihampura pedah wani-wani mintonkeun helaran nu meh sarua jeung bebegig Sukamantri. “Aranjeunna teu terangeun soal Bebegig Sukamantri,” ceuk Rangga.
Boh Bayu, Cucu, boh Rangga nyebutkeun Bebegig Sukamantri memang dijadikeun sumber inspirasi ku para seniman Ciamis dina nyiptakeun seni helaran sejenna.
Upamana wae lahir Buta Kararas, Wayang Landung, Mabokuy, jeung Wayang Geugeus. Tapi wanda jeung asesorisna beda jeung Bebegig Sukamantri, henteu neplak Bebegig Sukamantri.
Ku kajadian Bebegig Sukamantri ganti ngaran jadi Buta Arega dina kirab budaya Kabupaten Majalengka, seniman Bebegig Sukamantri miharep siliajenan karya. Henteu niron hiji kesenian bari sagala rupana nyeples jeung kesenian nu geus lila aya jeung geus kakoncara kitu.
Maman Isak Juharman, perupa ti Sanggar Rakyat Buniseuri, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, neueulkeun pentingna Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) jeung Dinas Pariwisata Kabupaten Ciamis merhatikeun potensi budaya di Kabupaten Ciamis.