Pantun Sunda, Teater Tutur, keur Ngahormat Dewi Sri Rumbuyang

- 20 September 2023, 13:00 WIB
Pagelaran seni pantun Sunda. Pantun Sunda beda jeung pantun Melayu. Pantun Sunda diciptakeun keur ngahormat Nyi Pohaci.*
Pagelaran seni pantun Sunda. Pantun Sunda beda jeung pantun Melayu. Pantun Sunda diciptakeun keur ngahormat Nyi Pohaci.* /


Rajah Bubuka

Bul kukus ka luhur anu mayungan
ka handap anu ngamparan
ka gigir anu ngaping beurang jeung peuting
ka pangéran bagus daka
anu bisa nyukcruk laut mapay sagara
nurus bumi ngapung ngawang
ka pangéran putih anu linggih dina embun-embunan kaula
kaula seja ngahiras saya
hatur bakti sangu wangi sapurukaneun
mugi kasari kabakti
kateda katarima
pangabakti ti abdi saréat
alit anu dibaktikeun
ageung nu disuhunkeun
singgetna ka ibu, ka rama
ka indung anu teu ngandung
ka rama anu teu ngayuga
ka ibu Hawa, ka rama Adam
Ka Gusti, Ka Wali, Ka Alloh, Ka Rosullulloh
Dulur kaula anu ka opat ka lima pancer
dulur kaula ka genep ka tujuh pancer
ka nini ka aki
ka nini paraji batin
ka aki paraji batin
anu bisa ngarupakeun, anu bisa ngarékakeun
anu bisa nimbang kasalahan urang
atawa rejeki kaula
neda agung nya paralun...

Tatalu

Barudak kiwari réa anu teu wanoh kana seni pantun, mun ditalék ngeunaan seni pantun jawabna téh “berbalas pantun”. Kana caritana deuih loba nu teu apal, mun ditanya ngeunaan carita Lutung Kasarung, Mundinglaya gogodeg.

Béda deui mun ditanya ngeunaan Naruto, Dora Émon, Upin Ipin, Spider Man, ngagorolang apal pisan. Tong nyalahkeun barudak, bongan di dunya atikan, seni pantun jeung seni tradisi lianna, teu diwanohkeun, jeung arang aya aprésiasi seni pantun di lingkunan sakola.

Seni pantun Sunda, ganjor pisan beuti hartina jeung pantun Malayu, sanajan sarua tatapakan dina sastra lisan. Pantun Malayu méh sarimbag jeung sisindiran, pantun Sunda mah dina wangun téater tutur.

Baca Juga: Festival Longser Toneel Bandung, Ngipuk Regenerasi Miara Tradisi

Ti iraha cenah seni pantun mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, geus heubeul pisan bukti tinulis ngeunaan panggung natrat dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, anu ditulis dina taun 1518, anu ditulis ku Darmasiksa.

Ceuk Jakob Sumarjo, seni pantun kawasna ciptaan élit Sunda kira-kira taun taun 1300 M. “Mun enya pantun mibanda ajén-inajén ajaran Tantrayana aliran Kalacakra di Jawa, Sunda jeung Sumatra dina ahir abad ka-13 jeung awal abad ka-14, bisa dicindekeun, seni pantun di ciptakeun ku élit Sunda dina taun 1300 M,” pokna.

Harti Seni Pantun

Seni Pantun teh seni teater tutur anu dina pintonana dipirig kacapi. Nu midangkeunna disebut juru pantun. Naon sabenerna harti pantun téh? Anu kudu ditanggap ngeunaan harti pantun téh tangtuna ogé para ahli kasundaan jeung praktisi seni pantun.

Pakait jeung beuti harti seni pantun, Mang Ayi mandahong seni pantun Subang anu matuhna Kampung Dukuh, Désa Sadawarna, Cibogo, Kabupatén Subang, mere jawaban.

Baca Juga: Ibing Sunda, Tacan Aya deui Wanda Anyar nu Mapakan Jaipongan

Imahna di tengah sawah.“Tah ieu Nyi Mas Pohaci Rinukasih, kacapi warisan ti pun bapa. Umurna parantos puluhan taun,” ceuk Ayi Ruhyat (40) bari mamérkeun kacapi siter, anu biasa di paké mantun ku dirina. Ayi nétélakeun asal-usul kacapi pantun.

Nurutkeun béja nu katarima ku dirina, kacapi pantun téh téh warugana “Nyi Mas Pohaci Rinukasih. Unggal bagian kacapi téh cenah mah gambaran tina jirimna Pohaci,” pokna.

Ayi ngagalantang: parungpung diangken tangtung, galang diangken létah, caruk nu diangken gelung, susuna diangken inang, pureut diangken panangan, kawat diangken urat.

Patali jeung éta mitos, pantun dina kontéks masarakat pahumaan dijadikeun média dina upacara nginebkeun, ampih paré, jeung hajat lembur. Demi kecap pantun, nurutkeun Ayi wancahan tina “patutunggalan”.

"Anu dimaksud patutunggalan téh nyaéta dipaénkeun ku saurang, atawa pamaénna tunggal,” kitu ceuk Ayi, juru pantun nu kiwari remen mantun dina tradisi ngaruat jeung hajatan.

Ngahormat Dewi Sri Rumbuyang

Minangka catetan, ceuk Arthur S. Nalan mah, dina buku Anatomi Téater daérah, kecap pantun téh asalna tina kecap “paharé” atawa paré. Naon nu dicaritakeun ku Arthur dumasar kana raketna pantun jeung ritual kasuburan.

Baca Juga: Ibing Sunda, Tacan Aya deui Wanda Anyar nu Mapakan Jaipongan

Keur ngahormat Déwi Sri Rumbiyang Jati atawa Nyi Pohaci, saban mitembeyan atawa nyalin teu weléh dijajap ku jentréngna seni pantun. Naon baé carita anu sok dipidangkeun dina seni pantun?

Ceuk Ayi carita nu dipidangkeun téh pikeun ngahormat Déwi Sri nyaéta Buyut Matao. Anu gaduh gunung Padang, Paré Gumulung, Gumilang, anu gelar ngagulung di gunung Padang, anu ngadamel pacul jeung arit.

Anu ngawujud jadi paré bodas, paré beureum, paré konéng jeung paré hideung. Demi di luar konteks ritual Déwi Sri, umumna carita pantun nyaritakeun para putra Prabu Siliwangi raja Pajajaran anu keur ngalalana dina raraga ngalegaan wilayah kakawasaan karajaan Pajajaran.

Carita pantun karamat

Carita pantun anu dikaramatkeun ku juru pantun, ceuk Jakob Sumarjo dina buku Simbol-Simbol Artepak Budaya Sunda, nyaéta “Lutung Kasarung, Ciung wanara, Mundinglaya jeung Nyai Sumur Bandung”.

Patali jeung éta, henteu sakabéh juru pantun ludeung mantunkeun, anapon anu wani mintonkeun, leuwih ti heula kudu tirakat atawa meresihan diri dina sagala rereged hirup, jeung salila mantun kudu manteng ngadunga ka Nu Maha Kawasa.

Seni pantun dipintonkeun dina acara ngaruat lembur, ngaruat ngadegkeun imah, numbal tempat, ampih paré, nginebkeun, wuku taun, sérén taun, salametan 40 poé anu geus ngalahirkeun, ngawinkeun, jeung nyunatan.

Baca Juga: Pameran Seni Rupa Anak jeung Difabel dina Kagiatan Art Braga #2

Saméméh ngagelar seni pantun, leuwih tiheula juru pantun nyiapkeun sasajén, kayaning parupuyan, pangradinan (alat-alat keur hias diri jeung dangdan), Parawanten (kadaharan) jeung panyinglar (daun caringin, tiwu, jeung hanjuang).

Mantun téh teu sabrongnrong. Sasajén anu kudu disiapkeun sarupaning kupat leupeut tangtang angin, cau raja bulu sasikat, endog, béas, duit kencring, bakakak, congcot, surutu, kopi pait, kopi manis, jeung rurujakan.

Eta téh lamun keur ti nu hajat nyunatan, kaasup nanggap dadakan. Raracik keur kaperluan ngaruat nu kudu disuguhkeun nyaéta cobék hayam atah, cai ti tujuh muara atawa sungapan, haur konéng jeung hanjuang.

Sanggeus sagala nyampak, kakara mantun, dipitembeyan ku Rajah bubuka, kalawan dipungkas ku rajah pamunah.*** (Diropea tina makalah jenatna Nana Munajat Dahlan)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah