“Nalika aya kasempetan pikeun cacarita, Ardi sang seniman ngadadarkeun ngeunaan kondisi kampungna anu teu weléh haneuteun, aya wangunan ngajalajar, aya kafe jualan és krim, tapi anjeunna teu acan terang kumaha rasana, margi éta és krim awis pisan. Aya rupi-rupi toko, ogé toko-toko anu dagang roti katut kué, éta gé teu acan terang rasana kumaha,” ceuk Ika, ngadadarkeun naon anu kungsi didadarkeun ku Ardi ka dirina.
Ardi sorangan, cenah, imahna di kampung tukangeun éta toko-toko téa, aya lapangan jeung jalan nu mentrang-mentring kacida (warna beureum). Aya saeutik tutuwuhan, tapi éta ge langka. Aya imah-imah nu iuh linduh (digambarkeun ku warna paul/biru), jeung panggung keur tujuh belas agustusan. Ardi biasa ulin di éta di lapang anu mentrang-mentring téa, jeung hayamna. Kalan-kalan ulin ogé jeung papada baturna di tempat deukeut kantor RW nu salawasna poék (diwarnaan hideung).
“Tah, karya rupa murangkalih téh biasana dina bentuk bercerita (storytelling), boh dina bentuk rupa, gerak, sora katut peran. Kitu deui sareng gambar rupa murangkalih anu mangrupi sarana komunikasi anu ku aranjeunna digunakeun, minangka bagian karya-karya ekspresi aranjeunna,” ceuk ieu bojo Rahmat Jabaril téh.***
Baca Juga: Taun 2023 Ayeuna Karya Budaya Asal Jawa Barat nu Ditetepkeun Jadi WBTb Indonesia Jumlahna 13