Wayang Golek Diciptakeun ku Sunan Kudus, Populer di Sunda

- 16 Februari 2023, 10:30 WIB
Pagelaran wayang golek Sunda. Wayang golek diciptakeun  Sunan Kudus, ngan di Sunda mah caritana Mahabrata jeung Ramayana.
Pagelaran wayang golek Sunda. Wayang golek diciptakeun Sunan Kudus, ngan di Sunda mah caritana Mahabrata jeung Ramayana. /

GALURA -Golek teh basa Jawa, hartina neangan. Wayang golek diciptakeun ku Sunan Kudus. Di Sunda wayang golek saterusna populer pisan, ngan lalakonna teu sarua jeung wayang golek di Jawa.

Iraha mimitina aya wayang golek? Ceuk sakaol wayang golek lahir taun 1548, diwanohkeun ku Sunan Kudus, dimekarkeun tina wayang kulit nu geus lahir samemehna, ngan carita beda.

Sunan Kudus magelarkeun wayang golek beurang, henteu ti peuting, henteu kawas wayang kulit. Teu beda jeung wayang kulit, ku Sunan Kudus wayang golek dipake keur nyebarkeun agama Islam,

Baca Juga: Ibing Jaipongan Karya Gugum Gumbira Pamiangana tina Ibing Rayat

Saterusna wayang golek mekar di basisir kaler Pulo Jawa. Di Tatar Sunda wayang golek mekar sanggeus Priangan dijajah ku Mataram. Ngan satuluyna dialog-dialogna make basa Sunda lain basa Jawa.

Pakem carita wayang golek, boh di Jawa boh di Sunda lain Ramayana atawa Mahabrata. Tapi dicokot tina carita Panji.

Dr. Th. Pigeaud nyebutkeun salasaurang bupati Sumedang boga pamikiran nyieun wayang golek nu lalakonna Ramayana jeung Mahabrata, kawas wayang kulit.

Harita nu mekar di Tatar Sunda ukur wayang kulit, ngan dialog-dialogna make basa Sunda. Teu jentre kumaha bentuk wayang golek hasil pamikiran bupati Sumedang bieu.

Baca Juga: Pagelaran Longser 4D, Daring, Durarang, Duraring, Dong, Sambada UPI Bandung, Hirup Mah Perjoangan!

Baca Juga: Pagelaran Longser 4D, Daring, Durarang, Duraring, Dong, Sambada UPI Bandung, Hirup Mah Perjoangan!

Awal abad ka-18, kira-kira taun 1794-1829 Dalem Bandung (Karanganyar), meredih ka Ki Darman, pangrajin wayang kulit nu asalna ti Tegal, Jawa Tengah nu dumuk di Cibiru, Bandung, sina nyieun wayang golek nu dijieun tina kai.

Mimitina mah bentukna teh kawas wayang kulit, ngan beuki dieu jadi tilu dimensi. Awal abad ka-20, bentuk wayang golek dirarobah tepi ka saperti ayeuna.

Beda jeung wayang golek ciptaan Sunan Kudus, wayang golek Sunda mah lalakon nu dipagelarkeunana tina Mahabrata jeung Ramayana. Ngaran tokoh-tokohna, sipat-sipatna meh sarua jeung wayang kulit Jawa.

Di Tatar Sunda, saterusna leuwih popular wayang golek batan wayang kulit. Saenyana wayang kulit oge masih sumebar di Tatar Sunda, ngan make basa Jawa.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah